poe salasa-rebo kamari miluan pelatihan protkoler di gedung kopertis
jatinangor. eta gedong teh tempat neng pupi jeung kang kandar jangji
pasini. poe rebona, keur soliskan, ngulampreng ka toko segar, hanjakal
neng mpup nuju ka garut, komo kang kandarna mah duka di jkt duka ka garut
oge.

nu milu acara pelatihan protokoler teh dosen-dosen luar negeri (maksudnya
suwasta) sa jawabarat jeung banten. nyarita teh nya ku basa sunda we ari
keur istirahat teh. aya nu ti serang, indramayu, tasik ciamis, cimahi
garut, jeung sajabana, subang purwakarta (di subang duka purwakarta, aya
sakola ngarana alus, STT (sekolah tinggi teknologi) Wastukancana. sigana
ti ngaran raja prabu niskala tea.

nu ngalatihna ti itb, biasa, saha nu jadi ketua kopertis.  ayeuna ketua
kopertis pa iwan tresna dermawan kunaefi, putra gan aang kunaefi, nara
sumber pelatihan oge ti protokol itb. nyaritakeun conto wisuda di itb. nya
bosen oge, tapi ari batur mah henteu da meureun teu kungsi diwisuda di
dinya. dua kali wisuda, dua kali tempatna beda. jadi aheng oge. aya deui
Idrus, nu di tvri baheula sok maca berita. Urang Sunda sigana mah Idrus
teh, da lentongna aya sundaan jeung aya make basa sunda sagala. sanajan
cenah dina make basa indonesia mah teu meunang kacampuran aksen basa
lembur. nya dimaklum we da sigana kang idrus teh produk orba. hehe

aya tarucing, bedana pagawe negeri jeung hayam negeri naon? bedana ngan
hiji, pagawe negeri mah teu endogan. heheh


mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Does he tell you he loves you when he's hitting you?
Abuse. Narrated by Halle Berry.
http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke