Anu kapireungeuh ku si kuring mah sanajan anu ayeuna ilahar kasebutna "nikah dawam" (langgeng, sabalikna tina nikah kontrak), tetep bae dina praktekna mah aya pasal kontrak, nya anu disebut sighat thalaq tea. Nalika urang nikah, saba'da ijab-qobul, apan naib teh sok menta ka panganten lalaki (saba'da ijab-qobul mah nya geus jadi salaki lain panganten deui) ngucapkeup sighat thalaq.
Ari sighat thalaq teh eusina nya ngeunaan katangtuan ragrag talaq hiji upama si pamajikan ditinggalkeun ku si salaki 3 bulan lilana kalawan teu dibere nafkah boh nafkah lahir atawa nafkah batin, sarta si pamajikan teu ridlo tur ngadukeun pasoalanna ka anu hakna (diaduan) kalawan mere duit pangganti anu disebut "iwadh" tea (hehehe, apal soteh bane bae apan pun bapa almarhum teh lebe, ti saprak inget geus nyaksian anu narikah, oge anu naralak, da di lembur mah boh nikah atawa nalak mindengna di imah lebe....heup...tong beja-beja nya).
Maksud si kuring, lain shigat thalaq dina nikah dawam bleg ples siga "nikah kontrak" (sakumaha dina madzhab peuntaseun urang). Tapi, taya lian, nikah mah gumantung tujuanana bae. Sanajan make modus nikah dawam (sakumaha urang-anu tos rimbitan- ayeuna), lamun tujuanana seja rucah mah nya gampang bae, nyieun bae kondisi anu matak sah ragragna talak sakumaha dina bab shigat thalaq, moal sakara-kara, baris kajadian "nikah kontrak" (hal ieu kungsi kajadian, nalika hiji syekh ti nagri timteng datang ka surabaya, nikah ukur 3 poe da saterusna si syekh teh mulang deui ka nagrina bari teu balik deui jeung pamajikanana teu dibawa).
Pon kitu deui, ayana katangtuan "nikah kontrak" (upama tea mah nyokot kayakinan yen ayana nikah kontrak tacan dimansukh), tangtu mibanda tujuan anu luhur anu lain hedonisme atawa rucah (lain ukur keur "senang-senang" atawa ukur keur "senang" bae mun anu "senang"-na ukur sapihak, na aya kitu?). Oge, heunteu saeutik anu salah migunakeun ieu bab ngeunaan nikah teh. Tegesna, loba anu nikah mut'ah ukur keur nyacapkeun kapanasaran bae.
Peun ah...moal diteruskeun masing aya oge anu ngenta diteruskeun guaranana :).
Baktos,
manAR
On 5/12/05, Jatigede <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang Yudi mah aneh, batur mah hoyong nikah (beneran)
ieu mah kalahka hoyong nikah kontrak. Berarti pan tos
nikah anu nyaan..bade dikamankeun garwa?
Hoyong Nikaaaaaaaaaahhhhhhhhh....
DS
Website :
http://jatigede.bravehost.com/
________________________________________________________________________
Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping"
your friends today! Download Messenger Now
http://uk.messenger.yahoo.com/download/index.html
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Ever feel sad or cry for no reason at all?
Depression. Narrated by Kate Hudson.
http://us.click.yahoo.com/LLQ_sC/esnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

