heuheu hatur nuhun Kang Irwan lan Kang JP, mung alhamduliLlaah dugi ka danget ayeuna abdi mah teu hoyong aya di "luhur". Kahijina beurat amanahna, kaduana di luhur mah langkung tarik anginna sareng langkung sambada oyagannana. Bilih teu kiat, ke isin papendak sareng baraya kulantaran awak bobolokot tapi keukeuh hayang di luhur.
AlhamduliLlaahna oge di kantor abdi nu ayeuna, ti kawit pajabat Es. II dugi ka handap masih seueur nu lempeng. Nya saayeuna mah henteu sosoranganan teuing. Duka tah kapayunna, upami lingkungan tos teu merenah deui sigana mah incah teh sanes pilihan tapi kawajiban panginten. hatur nuhun y --- In [email protected], Jalak Pakuan wrote: > Oge abdi nitip Kang Yudi mun tos diluhur mangga bae bade nanjeurkeun esprit de corps alumni STAN tapi peupeujeuh kudu disaeur mana emas mana loyang, nu atos-atos seuseueurna ngangge kacamata kuda "right or wrong is my alumni". Hiji deui, sing sabar jeung kudu siap jadi minoritas sabab mun rek lempeng mah ceuk Rendra ibarat manuk kondor, hirupna kasepian atawa ceuk alm Soe Hok Gie mah "berkawan dengan kesendirian". > > cag ah > Jalakpakuan > > Irwan Kusnandar <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Haturan Kang Yudi, > > Upami nelaah kana cariosan Kang Yudi, abdi mani reueus ngadanguna. > Kunaon ? Sabab Kang Yudi tos ngamumule ti diri nyalira kanggo > nga-haramkeun anu sanes hak-na. > Saur abdi mah ayeuna Kang Yudi sing disabarkeun heula tong aya pikiran rek ingkah ti Depkeu, sugan wae Kang Yudi upami di- amanahkeun ku Gusti Alloh janten Pejabat eselon III, II atanapi I. tiasa ngarobih anu kararitu. Amiin. > > Baktos > Irwan ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Take a look at donorschoose.org, an excellent charitable web site for anyone who cares about public education! http://us.click.yahoo.com/O.5XsA/8WnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

