Baraya, aya beja ngeunaan Panaruban. Ieu kungsi ku sim kuring kungsi diguar dina millis ieu.
Tah lamun aya keneh nu naroskeun keneh ngeunaan eta saleresna kuring masih keneh ngadangukeun kumaha panjang pondokna lengkah LSM nu ngakukeun ngaran "PANYELIK" alias Paguyuban Penyelemat Lingkungan. Harita kuring dongkap panitah redaksi Elshinta supaya ngaliput. Tapi pas di ilikan kana eusi obrolan ahirna kuring milu ngomong jeung nepikeun eusi hate bari ngatasnamakeun KUSNET alias Kumpulan Urang Sunda di Internet. Nu eusina kirang-langkung: Ngaluskeun lengkah hade miara Tatar Sunda ku cara nentang proyek Lapangan Golf nu mantak loba ngabalukarkeun goreng kana taneuh, cai, lan kahirupan biologi. Sagedengeun urang nentang/ngalawan kana proyek goreng aya alusna urang mere alternatip ku proyek deui nu jelas-jelas bakal mawa mangpaat. Harita kuring ngajukeun usul sangkan LSM ngusulkeun atawa istilahna "ngarekomendasikeun" ka pamarentah Subang supaya proyek Lapangan Golf diganti ku proyek "Suaka Budaya Sunda". Alesan kuring, kahiji: Subang nyimpen 70% budaya Sunda nu aya di Tatar Sunda (Jabar & Banten), kadua: khususna panaruban masih keneh nyimpen flora& fauna asli Sunda atawa Indonesia nu kaasup langka. Ceuk parasa kuring ieu kasempetan jang Urang Sunda khususna umumna Indonesia, miara kaaslian daerah bari tetep aspek ekonomi bisa dironjatkeun. Malas saur sesepuh Panaruban mah di daerah Panaruban teh masih keneh aya Heulang "Si Jambul" nu mirip Garuda. Ku kituna masih keneh aya tatangkalan obat nu kaitung langka. Tapi ku Ayeuna kuring masih keneh ngadadangukeun kumaha lengkah kahareupna? Kuring lain teu percaya kana lengkah hade aranjeunna. Nu boga maksud miara Tatar Subang anu jelas bagean ti Tatar Sunda. Ngan kuring paur ieu lengkah siga nu atos-atos. Ngan ukur ngomong/protes tapi satukangeunna menta proyek atawa diajakan kana proyekna. Ku kituna ka baraya nu aya di luar Tatar Sunda, kuring menta pangrojong kana perjoangan ieu. Pangrojong dina harti, do'a sangkan ditetegkeun hate, pengeling bisi aya gogoda nu bisa mengparkeun tujuan, panginten bisi aya niatan ancrub mere konsep "Suaka Budaya Sunda" nu pantes. Mangga diantosan..! Baktos, Om TEDDY Urang Subang ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Ever feel sad or cry for no reason at all? Depression. Narrated by Kate Hudson. http://us.click.yahoo.com/LLQ_sC/esnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

