Nya ulah tuturut munding atuh.....Teteh mah hayang soteh kang Yudi anu jadi pamimpin, lain anu sanes...sok atuh geura siap2 ti ayeuna. kumaha carana janten pamimpin anu adil......aya bakat kang....!, aya turunan, da geus katoong ku si teteh....he he
 
Salam
indung sonten
 
amiin Teh!
Abdi gaduh rumusna da pami hoyong pamingpin nu berkualitas: ulah
milarian pamingpin nu hayang jadi pamingpin. Jadi kamari teh
saleresna mah pas AA Gym nyebat alim jadi presiden teh kedahna mah
dipaksa ku urang hehehe
pan lumayan sakali2 presiden urang Sunda..
Pami abdi nu jadi pamingpin mah moal aya bentena sareng ayeuna Teh!
da abdi siga kieu soteh tuturut munding ka batur..

baktos
y

--- In [email protected], indung peuting wrote:
> Ulah ngalamun kang Deny...bilih kuuleun ....he he, gentos atuh
kapimpin teh ku kang Deny nyalira sareng kang Yudi, moal teu
aratoheun batur utamina si teteh da tos terang saha kang yudi, saha
kang deny......he he, sok ah..sugan jadi...sumuhun pamimpin bangsa...
>
> Deny Suwarja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Nyaeta atuh kang yudi,
abdi mah sok ngalamun: Iraha nya urang tiasa ngalaman dipingpin ku
pamingpin ulah rosululloh teuing lah isin, dan moal aya deui jalmi
jiga rosululloh mah. Ieu mah pamingping jiga Umar Bin Khotob atanapi
Umar Bin Abdul Aziz we atuh, anu tiasa ngempelkeun zakat dina Baitul
Mal sareng tiasa digunakeun kanggo keperyogian nagara!

> Tapi ketang jigana moal aya, ipis harepan abdi mah. Di Inulesia
mah, pamingpin teh tong boroning mareuman lampu kulantaran sieun
lisah tanah ti nagara kaanggo kana kapentingan pribadi (Umar Bin
Abdul Aziz) apan di Inulesia mah. Ka aspal, gunung sareng leuweung
oge dirampog kango kapentingan pribadi! :-)  Sanes kuisin na teh eta
deuih para koruptor teh ngarango gelar haji nya?

> deny




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Messenger - Communicate instantly..."Ping" your friends today! Download Messenger Now

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke