Hanjakal ieu wartos henteu nyarioskeun nu ngadamel Guha Maria teh urang Sunda atawa sanes? ari katingalina mah sanes, arana Abi (aran ieu ilaharna aran TiongHwa) jeung istrina disebatkeun urang Ambon. Ieu mah ceuk kuring, aya dua motif jalmi anu ngadamel tempat ibadah keur agamana. Motif kahiji memang leres keur nyebarkeun agama, jeung motif kadua, tiasa wae manehna butuh tempat ibadah anu deukeut jeung tempat manehna. Motif anu kadua katingalina mah cocog keur forward ti Kang Cecep Wahyu. Di Bandung seueur urang Kristen (nu tangtuna oge lain urang Sunda) nu sok maling-maling nyieun gereja di perumahan penduduk atawa di perkampungan padet. Maranehna nyarieun tempat ibadah kulantaran jauh ka gereja anu cocog jeung manehna. Sapertos urang Terang, umat gereja protestan, henteu hiji aliran, tapi seueur. Urang Batak kristen moal daekkeun asup ka gereja urang Minahasa, kitu deui sabalikna. Kuring oge curiga sabenerna anu nyieun Guha Maria di Gn. Salak oge samotif jeung urang batak anu nyieun gereja di ujung berung bdg, hayang deukeut ka tempat ibadahna.
Sabenerna kuring kurang satuju jeung istilah "pemurtadan" ieu, sabab di urang salian urang Nasrani oge urang Hindu Bali anu nyieun kuil gede di daerah Puncak jeung lamun teu salah diaranan kuil "Prabu Siliwangi" da cenah Raja Pajajaran ieu parantos mere ijin nyieun kuil ieu ka urang Bali. Naha kuil ieu teu disebatkeun sarana "Permutadan"?. Tah kumaha urang nyegahna? gampang teorina mah, nyaeta ulah gampang teuing ngajual tanah ka saha wae, tingali heula nu rek meulina. Tapi hese dina praktekna, sabab sarerea oge hayang barang anu dijual teh, dibeuli ..............mahal! Baktos, WALUYA ----- Original Message ----- From: Akhmad Gunawan <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Friday, May 13, 2005 8:54 AM Subject: Re: [Urang Sunda] FW: Pemurtadan(1) - Melacak Kristenisasi di Kaki Gunung Salak > Ieu oge aya wartos anu sanada mangga araos. > > Salam baktos, > WAG > > (dikeureut heula) > ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Does he tell you he loves you when he's hitting you? Abuse. Narrated by Halle Berry. http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

