Asa ngimpi jigana teh, papendak sasama urang sunda. ngan jigana henteu we murak lalab sareng sambel anu pedooo katut goreng jengkol, plus asin sepat digoreng garing mah!
 
Deny

L Parish <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
TEPUNG MUNGGARAN JEUNG NENG KOKOM
 
Sakapeung mah sok sirik ka Indung. Sirikna teh eta ... ari Indung sorangan mah enggeus patepung dianjangan ka lembur ku sababaraha babaturan kuring beunang nimu tina internet teh, ari kuring sorangan tisaprak wawuh teh ngan tepung dina imel wungkul.  Neng Kokom urang bogor anu matuh di Amerika oge ari ka indung kuring mah enggeus nganjang taun kamari, ari jeung kuring mah teu kungsi paamprok jonghok sakali-kali acan. Matak basa ngadenge Neng Kokom rek ngagandong ransel ka Eropah teh, dititah sakalian nyimpang. Tapi kulantaran Inggris mah teu sadaratan jeung nagara-nagara Eropah sejenna jeung hotelna marahal cenah, rek diliwat bae ku nu geulis teh. (Padahal ari keur lalampahan ngagandong ransel mah kuduna daek sare dina emper toko oge lamun hayang ngirit bekel teh, Neng! ) 
 
Minggu Kamari Neng Kokom ngaimel ti Berlin, ngadongengkeun lalampahanna. Sakali deui dititah nyimpang heula, lamun embung ngampar samak ditengah imah mah aya hotel nu murah oge, centeh. Alhamdulillah harita keneh manehna langsung meuli tiket pesawat bari sakalian hayang nempo siga kumaha London teh, cenah.
Poe Jumaah Neng Kokom datangna teu langsung ka imah kuring tapi geus dipangmesenkeun panginepan di London, da ari ngan ukur boga waktu 2 poe langsung ka imah kuring bari hayang nempo London mah matak barabe, meureun kudu bulak-balik. Dijangjian poe Saptu ku kuring rek ditepungan bari urang tuluy ulin, cekeng teh. Jangjian teh lain nepungan di panginepanna tapi di puser kota, di Leicester Square, hareupeun bioskop Odeon anu pangsohorna di London lantaran sok dipake Movie Premier, didatangan ku bentang filmna. Teu matak melang sieun teu kapanggih ari ka tukang ngider mah, asal bogaeun map.
 
Jam 12.30 kuring jeung si bungsu geus kurulang-kuriling di hareupeun bioskop, budak lapar ge teu dibawa diuk di restoran dibekel bae tuluy sina aniprek hareupeun bioskop, lila-lila mah kuring ge kabita, nya milu diuk gigireun budak. Meureun ku turis anu ngaraliwat nempoan tapak leungeun bentang film nu ngajajar hareupeun bioskop mah disangka hobo (galandangan). Kajeun teuing ah, cuek weh, tibatan dahar bari nangtung, pan ceuk kolot ge doraka.  Sabot keur mantuan budak dahar goreng hayam, Neng Kokom ngurunyung nyampeurkeun:"Teh Lies?" cenah. Sakedapan kuring rada rungah-ringeuh da jirimna teh geuning beda jeung dina fotona, nu jadi kalinglap teh eta pedah make topi jeung buukna diuntun laleutik, aya saratusna meureun. Urang Sunda tepung jeung urang Sunda, teu kudu dicaritakeun kabayang kumaha galecokna najan kakara patepung oge.
 
Tadina mah rek diajak ka Tower of London, tapi enggeus kamari sakalian nempo jam Bigben jeung House of Parlement oge ngalongok nini Elizabeth ka Buckingham Palace, cenah. Atuh ti Leicester Square teh tuluy kukurilingan ka Covent Garden nempo street performances, ka China Town meuli rambutan, lengkeng jeung duren (kana dahareun karesep mah teu poho bari beurat jeung ceuk batur bau oge), tuluy ngajleng kana kareta api ka Greenwich da manehna mah resep nempo tempat anu bersejarah, eta teh asal-muasalna waktu (GMT). Balik ti dinya jam salapan peuting teh kakara nepi ka Campden Town. Karunya budak geus capeen dibawa indit nyokot ransel ka panginepan heula mah, papisahan bae di dinya, manehna dititah nyusul pandeuri ka Wickford. 
 
Jam 10 peuting kuring nepi ka imah sanggeus dipapagkeun ti Wickford Station ku salaki, geus beberesih budak gogoler dina sofa hayang nungguan Neng Kokom tapi langsung ngaguher da capeen geus dibawa leuleumpangan jauh. Jam sabelas leuwih Neng Kokom nga SMS kareta apina geus ngaliwat Billaricay, bisi budak nyaring salaki dijurungkeun sorangan mapagkeun ka Wickford Station. Ampir nyalahan cenah nempo aya urang Asia, ngan teu disampeurkeun da teu kaciri mawa ransel.
Datang Kokom ka imah galecokna urang Sunda dituluykeun deui nepi ka jam satu peuting bari murak duren.
 
Ngan sapeuting Neng Kokom mondok didieuna, tadi jam 11 isuk teh geus dianteurkeun jeung salaki nepi ka Luton Airport, manehna balik deui ka Paris heula dua poe samemeh tuluy balik ka Amerika. Teuing iraha patepung deui, tapi mudah-mudahan bae enya Bulan September nganjang deui ka dieu, kapan cenah hayang nempoan tempat-tempat anu sejenna di Inggris jeung Castles di Scotlandia.
 
*****
Wickford, 15 Mei 2005
 
 
 
 
 
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke