***********************************
Kamana bae Kang?? meuni lawas ti lawas!!

Salam,

-pun adi-
*********************

On 5/16/05, mirajul muttaqien <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya, sim kuring teh TKI di Korea alias KUSnet van Seoul, Insya Allah ping 18 Mei 2005 dinten Rebo seja teupang sareng Menakertrasn tabuh 10 enjing di KBRI Seoul.
 
Dupi pamaksadana nya eta, seuja ngadugikeun amanat ti para TKI anu statusna teh fariatif pisan, aya nu sumping ngalangkungan PJTKI, Visa Turis, G to G (Goverment to Govermen) ngalangkungan DEPNAKER, malih aya oge anu Job Training.
 
tah ayeuna TKI di Korea teh seueur pisan mayunan masalah, nu akhirna nyered para TKI kana status Illegal, alias kabur ti perusahaan anu resmi di kintun ku PJTKI atanapi Depnaker.
 
malih anu status na masih Illegal oge teu kirang sakeudik masalahnya, ti ngawitan Proses angkat, penempatan, fasilitas ti Perusahaan, gaji nu teu di bayar mang bulan-bulan, dugi ka masalah proses Pemulangan di Terminal 3 Sukarno-Hatta....
 
Tah kukituna, simkuring nu kagabung dina IKMI (Ikatan Keluarga Muslim Indonesia), seuja ngadugikeun ieu aspirasi ka Menakertrans...
 
sakali deui neuda pidu'a ti sadayana, mudah-mudahan nasib TKI teh tiasa robih, ulah ukur di aku jadi PAHLAWAN DEVISA, tapi kanyataanna TKI teh kalah KASIKSA....





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke