Tambihan catetan kanggo seratan anu diwarnaan beureum.
Ieu cutatan kenging nimu tina majalah Intisari (taun 70an) anu sumberna tina naskah ti kelenteng Sam Po Kong, Semarang, Jawa Tengah.
Nami-nami tokoh anu aya patula-talina sareng panyebaran Islam di Indonesia ;
Nami Jawa/Islam Gelar Nami Cina
1. Raden Fatah ------------------ Panembahan Jimbun-------- Swan Liong
2. Jaka Dilah --------------------- Arya Damar -------------------- Jin Bun
3. Arya Teja ----------------------- ...................... --------------- Gan Eng Tju
4. ................--------------------- Bupati Wilatikta ---------------- Gan ENg Wan
5. Raden Rachmat ------------ Sunan Ngampel---------------- Bong Swi Ho
6. Jafar Sodik ------------------ Sunan Kudus-------------------- Ja Tik Su
7. Raden Said ------------------- Sunan Kalijaga ----------------- Gan Si Cang
8. ................. ------------------- Pang. Adip. Wirasenjaya---- Tan Eng Hoat
9. ..................------------------ Tmg. Arya Dipawiracula----- Tan Sam Cai
10. Syarif Hidayat Fatahillah --Sunan Gunung Jati ------------ Toh Ah Bo
11. .........................------------ Sultan Trengganu -------------- Tung Ka Lo
Leres henteuna, wallahu a'lam..
ssw
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
waluya56 <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Aya bentenna perankan Cina sareng urang Walanda di urang. Ari
Walanda mah jelas-jelas ngajajah ari urang Cina mah daratang
kadarieu lain inisiatif nagarana, tapi leuwih ku inisiatif pribadi
neangan kahirupan nu lewih alus. Urang Cina daratang kadieu, aya oge anu didatangkeun ku Walanda keur buruh kasar, jiga nu nyieun jalan
KA Jakarta - Bandung jeung Jakarta-Sukabumi ( ceuk Haryonto KUnto,
semerbak Bunga di Bandung) .Tapi aya oge anu didatangkeun ku
pangawasa di urang, jiga Cina-Cina di Kalbar, anu didatangkeun ku
Sultan Sambas keur nambang emas di daerah Sambas. Peryogi oge
terang, aya sejarahwan Indonesia, Prof. Dr. Slamet Mulyana nu
nyebatkeun yen penyebaran Islam di Indonesia (jawa) teh ku urang
Cina, malah anjeunna gaduh pamandegan yen wali-songo teh sabenerna
paranakan Cina. Buku Prof Slamet Mulyana ieu kantos dilarang ku
pamarentah Orde Baru.
Urang Cina dibutuhkeun tapi oge bari jeung dibenci, utamana mah ku
urang Barat. Dina sajarah urang, di Batavia kantos aya
kajadian "penyembelihan massal" urang Cina nu ngahiji jeung kaum
pribumi barontak ka walanda. Di Australia oge aya kasus ngabantai
urang Cina di akhir abad 19. Kabencian sabagaian urang Australia ka
urang Cina, dilanggengkeun tepi ka ayeuna ku ayana partey di
Australia anu anti imigran urang Asia. Urang Bule rada sieuneun ku
urang koneng ieu, sabab jelemana loba pisan, jiga sireum, jelemana
garetol, daek digawe naon wae jeung bisa hirup saayana. Kumargi kitu teu aneh lamun aya pandangan ti etnis sejen yen urang Cina teh
sarakah.
Ceuk kuring mah, urang Cina lain sarakah, tapi pragmatis. Kuring
inget ka papatah ti pamingpin Cina nu ngarobah Cina Komunis jadi
Kapitalis, nyeata Deng Xiao Ping nu nyebutkeun manehna mah teu perlu warna bulu ucing, rek hideung, rek koneng atawa rek warna naon, da
nu penting mah bisa newak beurit!
Baktos,
WALUYA

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.