Leres pisan, Kang. Kuring ge asana teu kungsi nyebutkeun yen nyandung dilarang dina Islam. Kapan nyandung teh tos diwenangkeun ku Pangeran, kuring ge tarima, teu pisan2 antinyandung. Ngan, nyaeta tea, sakumaha anu karampa ku urang tina bakal kanyenyerianana Fatimah mun Sayidina Ali nyandung, sigana rasa nu sarua ge bakal karampa ti istri-istri sejen nu dicandung. Jadi, dina prungna rek nyandung, ieu pisan nu kudu dipikiran ku urang. Da lamun pamajikan kuring ridoeun jeung moal nyeri hate mun kuring nyandung mah, saha nu nyaho atuh... kaparengkeun. Hehe...
Nya mun tatapsiran mah, diwenangkeunana nyandung ku Pangeran teh mangrupa "akomodasi" kana budaya nyandung di sakuliah dunya. Da lamun prak-prakanana bener mah, kuring yakin hal ieu teh mibanda hikmah anu luhung. Ka anu ngajejeleh nyandung, utamana ka urang Kulon, nya bati seuri bae kuring mah. Ari kana nyandung nu diatur hukumna kalawan eces pada ngalelece, ari kana salingkuh jeung sabangsana ukur mararesem. jk On 5/17/05, nana sutrisna <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Har eta mah pan kusabab saking nyaahna Rasulullah ka Sayidatina Fatimah. > ceuk Rasulullah "Saha anu nganyenyeri Fatimah eta sarua eujeung nganyenyeri > Kawula". kusabab poligami bisa ngabalukarkeun Fatimah nyeri hate nya ku > Rasulullah dicaram Ali teh pikeun nikah deui, tapi sanggeus maotna Fatimah > kapan Sayidina Ali ngabogaan pamajikan leuwih ti dua (pas namah kuring poho > deui). Nyaramna Rasulullah ka Ali henteu bisa dijieun hujjah yen aya > larangan dina islam keur poligami. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> In low income neighborhoods, 84% do not own computers. At Network for Good, help bridge the Digital Divide! http://us.click.yahoo.com/HO7EnA/3MnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

