Ngiring nambihan, asa langkung sae oge upami pamarentah disagedengen ngadamel aturan teh oge nyadiakeun sarana jeung prasarana anu cukup pikeun ngelola perkawis runtah, sapertos; - nyadiakeun pusat penampungan & daur ulang anu jauh ti pemukiman. - nyadiakeun tempat penampungan di unggal lokasi/RW/kelurahan keur dicandak ka pusatna. - nyadiakeun wadah runtah di ditu di dieu, di unggal pengkolan. - ngabagi wadah runtah jeung wadah "runtah anu tiasa didaur ulang" ka unggal keluarga. (ngarah runtahna dipisah-pisahkeun langsung ku masing-masingna) - nyadiakeun cukup mobil penarik runtah anu tertutup (ngarah teu bau jeung hiber kaditu-kadieu) oge mobil husus keur runtah anu tiasa didaur ulang. - ngajenan ku maparin imbalan nu ageung ka para pegawai pemungut runtah. - nangtukeun denda keur nu sagawayah miceun runtah. jst.
--- In [email protected], "Sumarna, Nana" <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Lamun kaparengan ngulampreng ka balikpapan terus heug naek angkot bakal manggihan tempat runtah di tiap angkot, ieu kulantaran Pemda Balikpapan ngaluarkeun Perda anyar ngeunaan runtah, diantarana nu kainget ku kuring : > - Teu meunang miceun runtah salian di tempat runtah nu disayagikeun jeung di tempat runtah lianna > - Teu meunang miceun runtah diantara jam 6.00 - 18.00 > - Tiap imah kudu ngabogaan tempat runtah > - Tiap angkutan umum kudu ngabogaan tempat runtah > asa loba eusi ieu perda teh tapi ngan sakitu nu kainget ku kuring... > sigana bisa oge dilarapakeun di bandung jeung di tempat lianna di sakuliah tatar sunda ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Dying to be thin? Anorexia. Narrated by Julianne Moore . http://us.click.yahoo.com/FLQ_sC/gsnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

