Resep sigana diajar degung...si kuring mah hayang bisa nabeuh
kendang...eta dinamis pisan kadengena teh...pernah nyobaan kendang nu ki
lanceuk...ngan teu siga kendang pencak...malah kadengena siga kendang
inggris cenah...ari nu ieu mah baheula si kuring resep pisan kana lagu
inggris, kawas nu euweuh tempat we ka lian ti eta mah...ngan ayeuna asa
ngeunah pisan ngadangukeun lagu sunda teh...komo nining meida atawa dul
sumbang mah...

"Mungguhing dina impenan...geuning sakitu leahna...aya Neng
Tiwi...hehehe"



-----Original Message-----
From: mj [mailto:[EMAIL PROTECTED] 
Sent: 17 Mei 2005 16:23
To: [email protected]
Subject: [Urang Sunda] neangan lagu


pangulinan rek ngayakeun wisuda, 28 mei dua minggu deui. nu dibendo (nu
dihelm mah nu naek motor) hayang dina acara teh teu make lagu Godiamus
nu
cenah hartina teh ngandung eusi pesta bari nginum anggur.

rek make degunx. ngan naon judul laguna? panitjia ngumaha ka abah surya
(gan hidayat suryalaga). si abah nuduhkeun manukna, kang Yus Wiradireja,
ketua jurusan karawitan STSI di Jl. Buah batu tea.

katempuhan, si kuring nu kudu nepungan. nya nganjang ka STSI. tepung
jeung
kang Yus sanggeus peutingna nelp. abah surya naros no.telpna.

senen ka STSI. teu aya cenah tembang nu cocog pikeun acara eta. dina
ayana
oge teu nyangkut atikan. tapi kang Yus geus nyieun hiji, judulna,
Kandaga
Atikan. lapor ka dunungan. okeh cenah. nya bade diperedih sangkan kersa
ngalatih barudak padus, paduan suara jeung grup degung lisenda, lingkung
seni sunda. kang yus reueus ka pangulinan si kuring nu rek wisudaan make
acara pembuka degung jeung sajabana.

di cap gajah bengong mah godiamus diganti ku lagi mars itb. tapi ayeuna
wisudaan di itb sok make seni sunda ti barudak LSS oge angklung
kadang-kadang.

sanajan dunya atikan asalna ti kulon, tapi sabenerna mah ti biara. jadi
kaci mun sabagean tradisina diganti. siga lagu godeamus


mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links



 




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
In low income neighborhoods, 84% do not own computers.
At Network for Good, help bridge the Digital Divide!
http://us.click.yahoo.com/HO7EnA/3MnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke