Title: Message
DON'T CRY (VERSI SUNDA)
 
Cag didieu
Cag samet dieu
Lalakon cinta nu urang
 
Teup anteupkeun
Tong diguar deui
Carita cinta nu peugat
 
Najan ka gandrung sagulung
Najan duriat sajagat
Kadeudeuh nu nyangkreud pageuh
Akhirna urang papisah,,,,pisah,,,
 
Rek ka saha
Rek ka urang mana
Geura milari geuntosna
 
Cik ka kidul
Cik ka kaler
kulon wetan moal nyaram
 
Pasti aya kakaitan
Antara urang dua'an
Lain anjeun lain abdi urang geus lain lainna
Lain,,,,,
 
 Reff  :    Ulah ceurik tong diceungceurikan
                Tarimakeun janten randa
                Abdi pasrah jadi duda
                Da kieu geuning kuduna urang teu bisa kumaha
 
                Ulah ceurik tong diceungceurikan
                Wayahna urang papeugat najan hate masih beurat
                Pileuleuyan-pileuleuyan
                Hampura abdi hampura
 


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke