Rada kaget oge maca awewe urang Tunisia, laba anu lajang, tepika 
38%, anu hartina aya 38% X 4,999,000 awewe = 1,899,620 awewe anu 
henteu kawin. Lamun ieu kaasup anu acan kawin kulantaran acan cukup 
umur, budak umur 0 - 14 taun, hartina anu teu kawin tapi geus 
meujeuhna kawin : 1899,620 awewe - (370,000 + 397,000, + 468,000) = 
1,899,620 - 1,235,000= 664,620 awewe lajang (parawan atawa randa). 
Lamun make itungan ieu ngan 13% sabenerna awewe lajang, kitu oge 
kuring narik wates handap pisan, awewe umur 14 taun kahandap anu 
dianggap can waktuna kawin. Padahal lamun ditarik wates handap 17 
taun, prosentase ieu bakal leuwih leutik deui, ditambah deuih ku 
randa. Jadi lain anu aneh (lain anomali) lamun prosentase awewe 
lajang tepi ka 38%, lamun ngitungna ti total awewe, henteu nempo 
batesan umur!

Wartos nu di forward ku Kang Nana perkawis di Tunisia, kirang 
lengkep, ngan nyebatkeun 38% awewe tunisia ngalajang, teu 
disebatkeun naha nu teu kawin teh kaasup budak (0-14 taun) jeung 
randa? 

DIhandap ieu tabel populasi penduduk Tunisia (2005), mangga geura 
kutak-katik!, (Kolom nu ka lima jeung saterasna proyeksi statistik 
keur taun 2025).
2005                                          2025     
AGE           TOTAL     MALE   FEMALE         TOTAL     MALE   FEMALE

TOTAL        10,075    5,075    4,999        11,931    6,002    5,929
0-4             764      394      370           736      380      356
5-9             820      423      397           783      404      379
10-14           967      499      468           796      411      385
15-19         1,017      523      494           772      398      374
20-24         1,041      529      511           753      388      365
25-29           936      475      461           807      415      392
30-34           868      439      428           948      487      461
35-39           773      389      384           992      507      485
40-44           672      334      338         1,010      510      500
45-49           560      275      284           903      455      449
50-54           401      194      207           831      416      415
55-59           314      150      164           729      361      367
60-64           277      129      148           615      299      316
65-69           235      110      126           487      231      256
70-74           196       94      102           319      146      173
75-79           137       66       70           212       93      119
80+             100       52       49           237       99      138






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Ever feel sad or cry for no reason at all?
Depression. Narrated by Kate Hudson.
http://us.click.yahoo.com/LLQ_sC/esnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke