***
jampe-jampe harupat
geura gede geura lumpat
sing jauh tina maksiat anaking
ngarah salamet akherat

jampe-jampe harupat
geura gede geura lumpat
susah senang omat solat anaking
beunghar kade poho zakat

jampe-jampe harupat
pek ku dunya satakeurna
lir ibarat hideup di dunya
rek hirup saumur dunya

jampe-jampe harupat
prak ibadah satakeurna
lir ibarat hideup di dunya
rek cacag heuteu sareupna

dodoja datang tong kelor
sanghareupan make elmu
ulah rek aral subaha anaking
sing percaya ka nu kawasa

mahawelas maha asih
moal keuyeung pilih kasih
sagala nu karandapan ku hideup
tangtuna boga sorangan

ti bapa ieu pepeling
ngarah hideup hirup salawasna eling
heuteu berurang heunten peuting
hideup kudu soleh satungtung nyaring

***

--Roisz Nan Gagah
Mugia Urang Balarea Aya Dina
Ginulur Karahayuan Ginanjar Kawilujeungan
Nu Dirahmatan Ku Gusti Nu Maha Suci

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke