Asa ngaraos bersalah nya teh mpup, singsieuneun deuih. Biasana eta teh melarian tempat anu sepi. Matakna kade ulah papah di tempat anu sepi. Da biasana jalmi anu kitu teh ari kanu tempat rame mah rada teu wantuneun da sieun bilih aya anu nyerang. Tapi henteu nutup kamungkinan di tempat rame oge, aya anu gaduh pangalaman dina beus. Upami mendakan deui anu siga kitu ulah ningalikeun urang sieun atanapi kaget tapi ditantang we, ke ge manehna bakal sieuneun. Saurna cenah jalmi anu gejala kieu mah moal dugika merkosa. Kedahna ditindak nya da tos ngaganggu kana katertiban umum. Duh paralun teuing nya !! Naudzubillah
 
 
 
Neng Iva

Mpup <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Teh Iva, abi oge kantos ningal jalmi nu kawas kitu, harita basa keur
jaman kuliah keneh, ningalna di kampus Sastra, di jalan satapak
(norobos) pengkereun gedong dekanat fakultas sastra unpad, gedengeun
fisip.. ari biasa mun wangsul teh sok norobos ka dinya, harita
seueuran jeung balad2, tapi istri wungkul, ti kajauhan katingal aya
pameget jiga nu keur ngiuhan mayunan tangkal, ari pas tereh caket,
anjeunna ngaluarkeun (punten) ""-na bari jeung seuseurian... abi
jeung rerencangan paburencay, wangsul deui lalumpatan ka dekanat, da
sieun... ahirna bari hah heh hoh, uihna ka jalan raya weh ciosna mah,
da sieun!!!! geuning, basa mayunan tangkal teh, eta pameget tos
ngaluarkeun ""-na, tapi sanes bade pipis sembarangan... jiga nu teu
aya layan jadi we kana tangkal..... naudzubillah..

~ipup~

--- In [email protected], iva wanti <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
>
> Abdi seueur rerencangan sareng sodara anu tos ngalaman sapertos
kieu. Kaleresan deuih gaduh rerencangan ngajar barudak TK,
barudak/muridna anu istri ningal anu kitu teras diwartoskeun ka
guruna nya ka rerencangan abdi.
> Kieu kang tadina mah abdi nyangkina anu namina eksibisionis teh
pameget wungkul, da gejalana pan kana alat genital tea, mung aya anu
nyebatkeun istri ge tiasa. Nya panginten aya leresna saur abah ari
istri mah kalebet eksibisionis tingkat rendah. Upami anu
ditonjolkeun/ditingalikeun bagean2 awakna masihan kapuasan kana
dirina, contohna bagean2 tertentu anu vital.
> Wallohu alam



> Neng Iva





Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke