Nu kieu mah perkawis sejarah nya kang. Kumargi gaduh otakna sok pohoan janten we upami maca tos aya saminggu atanapi 2 minggu poho deui....he he he .
Abdi gaduh buku tapi sanes husus nyaritakeun cirebon wae. Wegah macana oge, da sok lieur seueur nami2na. Tapi aya saena patarosan dina wahana millis ieu, janten we dibaca2 deui.
Dina sumber tradisional mah kesultanan didirikan (diadegkeun) dina 1482 Masehi ku Syarif Hidayatullah (pamingpin kahiji). Disebatkeun yen cirebon berdiri jadi sabuah kerajaan anu merdeka ti kakuasaan kerajaan Sunda-Pajajaran, dina hiji nami Kasultanan Pakungwati. Pakungwati ieu anu engkena jadi istana tempat tinggal netep sultan cirebon.
Pertempuran anu kahiji dina ngembangkeun wilayah nyaeta gabungan antara cirebon sareng demak taun 1526 anu dipimpin ku Fatahillah kanggo ngarebut Sunda Kelapa. Diteraskeun jeung perang ngalawan portugis. Taun 1527 ahirna tiasa naklukeun Sunda Kelapa anu digentos jadi Jayakarta.
Taun 1529 Negeri Rajagaluh diserang ku pasuka demak sareng cirebon. Teras perang deui sareng kerajaan alit di wilayah Talaga di Majalengka anu dipingpin ku Arya salingsingan.
Wilayah bawahan kerajaan cirebon dugika taun 1530 Masehi atos saparoh tina propinsi Jabar ayeunam kaasup propinsi banten.
Tah tos wafatna Syarif Hidayatullah, kakosongan kakuasaan diisi heula ku Fadhillah Khan dugika wafatna taun 1570. Tapi anjeunna henteu dibere gelar nanaon najan tos marentah cirebon.
Fadhillah tos wafat digentos ku Pangeran Emas putra pangkolotna pangeran Dipati Cirebon anu bapakna Syarif Hidayatullah.
Sakitu heula kapanjangan teuing bilih seueur lepatna. Bilih aya anu lepat mangga pang lereskeun.
Baktos
Neng Iva
kumincir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
manawi aya nu gaduh, artikel ngeunaan sajarah Kasultanan Cirebon.
Iraha ngadegna, iraha tumpur kakawasaanana, katut rengrengan para
sultanna. Neda panuhun, kanggo embaranana...
nandar
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

