Asuhan bu Himendra nya? lanceuk entragan oge aya nu ngiring ka ditu.. Nuhun Kang GK, infona..
~ipup~ --- In [email protected], Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tim kasenian Unpad magelarkeun kasenian Sunda di sababaraha kota di Perancis ti ngawitan kaping 4 Mei kapengker. Pagelaran munggaran di gedong Unesco dihadiran ku kirang langkung 1300 anu nongton, utamina para duta besar boh nagara atanapi duta besar di Unesco. Rengse ti Unesco nguriling ka sababaraha kota diantawisna Sanxay (pagelaranna dilaksanakeun di puing-puing arena titinggal 2100 taun kapengker), teras ka La Rochelle janten tamu universitas, ka Salies du Salat, ka Turnefeuille caket kota Toiulous, Aninenne, Bouvers sareng panungtungan di Montpellier. > Materi anu dipagelarkeun diantawisna, Angklung, tembang sunda, tari merak, badaya, blantek (batawi), wayang golek, saman (aceh), piring, sendratari Rama Sinta, Rampak kendang sareng tarian bentang kalang. > Salami di daerah, para mahasiswa nganjrek di bumi keluarga urang Prancis. Panampianana sae pisan. Sok sananos rata-rata ngan dua wengi, ari acara perpisahan teh sok ditandaan ku lagragna cimata. Malihan basa di Anienne mah, unggal tim Unpad maen teh keluarga_keluarga anu dianjrekanna teu weleh abring-abringan janten suporter. > Khusus ngeunaan materi, katinggalina tiasa disebat sukses, meh unggal pagelaran anu narongton ngraos sugema. > Wilujeng sareng hatur nuhun ka tim kesenian Unpad. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Has someone you know been affected by illness or disease? Network for Good is THE place to support health awareness efforts! http://us.click.yahoo.com/OCfFmA/UOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

