----- Original Message -----
Sent: Thursday, May 19, 2005 4:04
PM
Subject: [Urang Sunda] tim kasenian unpad
di Peranci
Tim kasenian Unpad magelarkeun kasenian Sunda di sababaraha kota di
Perancis ti ngawitan kaping 4 Mei kapengker. Pagelaran munggaran di gedong
Unesco dihadiran ku kirang langkung 1300 anu nongton, utamina para duta besar
boh nagara atanapi duta besar di Unesco. Rengse ti Unesco nguriling ka
sababaraha kota diantawisna Sanxay (pagelaranna dilaksanakeun di puing-puing
arena titinggal 2100 taun kapengker), teras ka La Rochelle janten tamu
universitas, ka Salies du Salat, ka Turnefeuille caket kota Toiulous,
Aninenne, Bouvers sareng panungtungan di Montpellier.
Materi anu dipagelarkeun diantawisna, Angklung, tembang sunda, tari
merak, badaya, blantek (batawi), wayang golek, saman (aceh), piring,
sendratari Rama Sinta, Rampak kendang sareng tarian bentang kalang.
Salami di daerah, para mahasiswa nganjrek di bumi keluarga urang
Prancis. Panampianana sae pisan. Sok sananos rata-rata ngan dua wengi,
ari acara perpisahan teh sok ditandaan ku lagragna cimata. Malihan basa di
Anienne mah, unggal tim Unpad maen teh keluarga_keluarga anu dianjrekanna teu
weleh abring-abringan janten suporter.
Khusus ngeunaan materi, katinggalina tiasa disebat sukses, meh
unggal pagelaran anu narongton ngraos sugema.
Wilujeng sareng hatur nuhun ka tim kesenian Unpad.
D�couvrez le nouveau Yahoo! Mail : 1 Go d'espace de
stockage pour vos mails, photos et vid�os !
Cr�ez votre Yahoo! Mail
Komunitas Urang Sunda
--> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links