Leres kitu ..., sapocong hartosna satengah "gedeng", margi sagedeng teh dua pocong.
Biasana upami pare parantos garing dipoena, sateu acan diunggahkeun kaleuit sok aya acara mangkek, nyaeta ngabeungkeut pare sapocong-sapocong, teras dua pocong dikantetkeun janten sagedeng-sagedeng.
Tah "gedeng" teh janten ukuran mucekil henteuna hasil panen, upami panen mucekil sok ngunggahkeun (ka leuit) dugika ratusan/rewuan gedeng.
Tambihan, alat patani anu bakal sesah dipilarianana kapayun, kualatan kadeseh ku paralatan moderen, sajabina ti Etem teh panginten ; Wuluku, Garu, Lisung, Halu, Jubleg, naon deui nya...???
Da upami bangsa ; pacul, garpuh, arit, kored, parang, congkrang, bedog mah raraosan mah lami keneh bakal kadesehna ku alat moderen teh.
Boa anak incu urang moal terangeun bangsaning wuluku, garu, lisung ssjb.
Aya anu maksad bade ngadamel musieum eta paralatan karuhun...??
Pihatur,
ssw
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ka kadang wargi US sadaya, nyuhunkeun koreksina bisi si kuring salah, keur malikan deui panineungan soal gacong.
"Gacong" teh asal kecapna atawa singketan tina "sasangga-sapocong", maksudna ukuran unit pare baheula (da baheula mah arang langka aya timbangan). Ari sasangga teh mun teu salah lobana aya 10 pocong, sedengkeun sapocong (beungkeutan pare anu sok katitetan keneh di pasawahan mangsa panen), mun teu salah mah diwangun ku 10 cangkeuman ranggeuy pare (anu masih keneh ngantet dina potongan tangkalna karek tas diala ku etem; leres kitu? mugi aya anu tiasa ngoreksi bisi salah).
Sasangga-sapocong teh nuduhkeun patokan buruh anu mangalakeun pare (panen). Tina satiap 1 sangga pare anu digawean ku anu buburuh manen, eta anu buburuh teh meunang hak bagean lobana sapocong. Kitu manawi.
baktos,
manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

