Assalamualaikum ww

Wargi Bakus sadaya kumaha daramang ?
Sikuring lami teu aya noong lembur, pas kamari noong duh rame pisan, 
mani murudul nepi ka 500 surat atawa 100 leuwih mailteh.

Kawargi enggal di lembmur nepangken kuring hendra, padumukan di 
bukittinggi.

Lami teu noongan lemburteh telepon can kabayar jadi teu bisa konek ka 
telkomnet da di blok......., ari ka warnet wararegah, deuih kabeneran 
dua mingu katukang nepi ka kamari mantuan wargi di dieu ngalih bumi...., 
  manehna pindah tugas ti dandim bukittinggi ka dandim padang pariaman 
ari aslinamah ti ranca ekek.

jadi katingalaeun warta kuringteh. geuning aya poling masalah file nangkod.
1. ARi kuringmah masalah file nangkod satuju bae asal tong beurat teuing 
(dibatasi 1 mb paling gede), jeung deuih kudu aya hubungan jeung tujuan 
di ayakeuna lembur ieu, mun gede pisan file nangkodna di bewarakeun heula.

2. Sareng eta mun ngareply punten pisan buntutna di pupus ulah de babawa 
deui, mun nembalan anu perluna wae. (pan sadaya oge atos nampi, jadi teu 
doble).

3. Masalah perwayuhan poek kuringmah, kumargi can ngajaran ngawayuh duka 
tah mun engke diparengken ngawayuh jigana rada caang hehehheheh......., 
tapi jigana entong ngawayuhteh, kumargi aya rerencangan abdi didieu 
urang US oge alancur geuning, malah ayang tangtara kabur (naon 
istilahnateh "desersi" kitu) gara2 perwayuhan, sikuring mang nyaahkeun 
padahal manehna ti handap nepi geus kapten pangkatnateh. Nepi ka ayeuna 
eweh ngelol2 padahal wargi US di paguyuban pang rajina.

4. Masalah Jilbab di padang kuring teu nonton metro geus lila (resever 
digital kuring rusak geus 2 mingu, katrek kamari di orek-orek), jeung 
tara maca koran jadi teu kabandungan.
Tapi di bukittinggimah awewe anu sakola sd, smp, sma kacuali sakola 
kaverius, poe jumaah marake saragam baju kurung rek islam rek non islam, 
oge baju saragamnateh paranjang, jadi lucu oge seler cina marake baju 
kitu.. (tapi alus katingalina).

ah tos heula.

salam
hendra
bukittinggi






------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Has someone you know been affected by illness or disease?
Network for Good is THE place to support health awareness efforts!
http://us.click.yahoo.com/OCfFmA/UOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke