Title: Message
Heuheu..kang Miing..
punten yeuh rada mairan sakedik...sakalian rek diajar seurieus lah sauteud wae mah...
kahade tong bendu, tong jadi kenyenyerian pedah aya anu nyebatkeun kang Rafly teh " siga " anu agul ka diri sorangan.. ku nyebut kasep.
panginten kaluar eta penilaian ( naon Sundana? ) Sombong teh aya cukang lantaranna nya eta seratan ti kang Rafly anu nyebatkeun Urang Sunda teh cenah Someah...jrrd ( teu kedah disebat deui ah.. ).
tah gara gara eta sim kuring gaduh kayakinan awalna aya anu nyeri hate, nyebatkeun Sombong jrrd... 
 
keun wajar eta mah, emang geus kuduna urang kedah tiasa nampi kana akibat tina sagala perbuatan, sanaos urang rumasa teu niat nganyerikeun hate atawa alesan lianna.. tapi tos kajantenan geuningan, anu ceuk urang mah asalna teu niat rek itu ieu ngan ngedalkeun hungkul eusi hate, tapi meureun dina penyampaiannana ( sundana naonnya?? ) kirang merenah janten katampi na oge nya benten tinu sangkaan.. jadi matak panas ceuli, hate jeung sirah...
 
tas ayeunamah normal deui wae.. keun ngakukeun Rafly kasep itu ieu oge teu nanaon da yakin eta teh bari heureuy da ari US mah kan resep banyol tea... 
kuring sorangan boga pangalaman keur ngamimitian gabung di ieu lembur oge kungsi ngasaan diperekpeuk ku dulur salembur.. heuheuheu... cukang lantaranna? nyalah artikeun eusi bewara di YahooGroups na.. jadi kesanna kuring meunang chatting didieu.. padahal didieu mah khususon jang medar anu eusian... jang diskusi jrrd anu aya tujuan dina kamajuan Kisunda... kitu ... meureun eta oge..
 
meun kang Rafly alias kang Miih palay ngobrol sakahayang alias teu dilarang anu samodel chatting, bebas lah rek ngawadul rek naon oge.. hayu urang di Warung wae... da biasana ari di Warung mah tempat ngawangkong ngawadul bari ngudud jeung ngopi.. can aya sigana obrolan di warung anu netep dina hiji topik.. pasti kaitu kadieu..
sok diantosan di [EMAIL PROTECTED] kantun subscribe wae... sadaya anu di Warung Leboy teh warga Lembur ieu keneh..
 
derr.. ah tong asa asa deui.. meun enya teu neuteuli teu kanyenyerian... teu kedah aya kecap deui samodel ieu  
" ayeuna mah abdi moal nyebat deui kasep sok seueur anu ambek alis bendu ka abdi kang "
heup wae tong diteraskeun nya!!!
 
Tapi punten nya, sanes niat mamatahan komo nu lianna mah ieu mah mung nya supados teu kateterasan wae.. da rumasa kuring oge sok ngariwehkeun dulur salembur.. heheheee..... tapi tong hariwang tong salempang dulur2 didieumah sadayana jalembar pangampurana..balalageur moal hese ngenta tulung komo mung saukur diajarmah.. kuring oge anu sapopoe ngaomong basa Sunda tileutik angger wee geuninga loba salahna.. :p
* heuheuheuheuheu.... jiga nu heueuh uing euy bisa rada seurieus kieu.. berarti uing keur teu eling yeuh.. kudu geura ka Warung ieu mah ngarah eling deui... ;p
Hatur Nuhun,
Kang Ule... * Meunang Sertifikat Kasep ti KUA Kab. Nganjuk, Jawa Timur.
 
-----Original Message-----
From: Miih [mailto:[EMAIL PROTECTED]
Sent: Friday, May 20, 2005 9:42 AM
To: [email protected]
Subject: RE: FW: [Urang Sunda] nepangkeun...

Mairan deui,
Kang dudi kumaha damang???
Enjing nya akang bade ka Sumedang, abdi oge hoyong ka Sumedang deui
tapi enjing abdi bade ka Jawa Tengah,...
 
Kedoya mah akang di Jakbar atuh, sok kena banjir nya kang
ai Rafly mah di Jaktim, ai a'dudi damel di perusahaan naon kang?
 
mun bade indit tong hilap do'a heula agar selamat sampai tujuan dan bisa balik lagi
tong hilap salam kanggo batur salembur nya kang,,...
 
kamari teh pun adik telp ka abdi, da dinten salasa anjeuna datang ka dieu teras uihna dinten rebo sore
saya bilang jangan ka sini lagi, bair a'a yang ke sumedang kitu a'
 
ulah mikiran wae uih atuh kang mun nuju damel teh,
hatur nuhun,
 
ayeuna mah abdi moal nyebat deui kasep sok seueur anu ambek alis bendu ka abdi kang
Rafly


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke