he he.....naha mani sarensitif kieu euy.......kang endang sareng kang rafly anu kasep kitu deui ka baraya anu enggal lebet,hampura bilih salira lebet ka ieu milis teu ditoel ku nu lainna, saleresna mah henteu ari di toel mah, mangga we atuh bilih bade ngiring ngobrol mah ulah isin-isin, upami teu aya nu mairan mangga kintun deui wae ulah bosen da sanes salira wae anu ngalaman kitu teh kuring oge kantos mung kuring mah tara dipikiran, da kuring ngama'lum baraya nu aya di milis teh henteu kabeh boga waktu nyantai tah eta meureun kudu ngartosnya.
Teras di milis ieu teh anggotana dimana-mana (saluruh dunya) kabeh anggota teh kurang leuwih geus aya 1300 tapi tina total eta paling oge anu pernah panggih mah ngan 5% na kuring leuwih. Teras eta patarosan kang endang "seharusnya ada yg mendata anggota milis". sabenerna kuring geus nyieun database nu aya di www.urang-sunda.or.id tah didinya aya di menu "BARAYA US" mangga tingalian geura sigana mah aya kitu 400 urang nu geus ngeusian sabagian mah geus aya fotona, anu geus ngirim foto mah sigana kakaya 10 urang tina 400 teh he he..... Teras peryogi kauninga para kuncen teh henteu sapopoe ngadedeluk atawa ngadepong dihareupeun komputer, sami sapopoena teh garawe. Janten kedah maklum (bener kitu nulisna), der we kang rek ngilu ngobrol mah ulah nungguan dihuapan geura sok engke oge loba nu mairan. Contona kamari teh aya kang wawan anu rerencangan bah wily anjeuan oge enggal lebet tapi geuning tos tiasa rame sareng baraya nu sanesna. Geus ah sakitu wae heula ah rek gawe deui. mangga kanu ararenggal der we lah ulah babariannya. Salam @ERN --- In [email protected], supriyadi endang <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Buat Kang Miih > Saya juga tidak kenal dengan orang-orang dikomunitas > urang sunda group, walaupun saya sendiri asli dari > Cianjur, dan memang betul saya perhatikan sepertinya > mereka2 dalam milis sudah saling kenal, seharusnya ada > yang mendata nama2 yang tergabung dalam milis US dan > diadakan pertemuan perkenalan US group milis, tentang > alamat masing masing milis di minta saja via email. > mohon maaf bila ada yang tersinggung. > > > thk's > Endang Supriyadi ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Does he tell you he loves you when he's hitting you? Abuse. Narrated by Halle Berry. http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

