Neng Icho,
Euleuh ieu aya PR anu katunda, mokaha leuwih ti samingguna. Hapunten Neng Icho, nembe kapalire deui ieu hancaeun teh, pamugi heunteu rengat galih. Mangga sugan katepi urang nyoba ngawalonan:
Nu dimaksud Sunda "Da" anu heunteu optimis teh nyaeta Sunda anu sagala rupa ngan neumbleuhkeun di salahna bae anu kawakilan ku kalimah-kalimah anu dimimitian ku kecap "da", sarupa:
"Da urang Sunda mah eueuh kawani?", "Da urang Sunda mah tara daek ngahiji", jst...bari heunteu ngasongkeun usaha atawa tarekah jalan kaluarna. Sabalikna, "Sunda Sanajan" disebut optimis, sabab, siga cai anu ngamalir sok sanajan loba anu mendet, kawakilan ku kalimah-kalimah anu mimitina make kecap "sanajan", upamana: "Sanajan loba anu nyarita Sunda teh elehan, kuring teuneung ludeung ka hareup keur kasundaan", jst.
Anapon conto anu didugikeun ku salira, kumpulan anu mimiti ("da abdi mah urang Sunda..dst) duanana oge eta mah optimis. Ngan, kalimah anu kahiji ("da abdi mah urang Sunda...tapi abdi oge tiasa mimpin dunya") asana teu pati umum struktur kalimah na teh alias jarang digunakeun sarupa kitu. Samalah nya sakuduna upama maksudna kitu, eta kalimah teh dimimitian ku kecap "sanajan" ("Sanajan abdi urang Sunda, abdi sanggup mimpin dunya", upamana).
Conto anu kadua, "da abdi mah lieur", satuju teu kudu aya tuluyna, sabab eta geus jadi hiji kalimah utuh. Tah kalimah anu make "da" sarupa kitu mah heunteu nunjukkeun Sunda anu boh pesimis atawa optimis. Kalimah eta netral-netral bae. Sigana kalimah anu sarupa kitu mah keur jawaban hiji pamenta atawa pasoalan, upamana:
"Cik atuh geura rengsekeun pagawean teh!"
"Da abdi mah keur lieur, jadi moal bisa ngarengsekeun pagawean ayeuna-ayeuna ieu"
Kalimah di luhur heunteu nunjukkeun golongan Sunda anu pesimis anu dimaksud ku "Sunda Da".
"Sanajan abdi lieur", bener, ieu kalimah kudu aya tuluyna. Biasana, tuluyna eta kalimah teh nuduhkeun kalimah sagemblengna anu wandana optimis tea, nya anu dimaksud ku "Sunda Sanajan" tea. Contona:
"Sanajan abdi lieur, abdi rek nyoba-nyoba ngarengsekeun ieu pagawean".
Rupina sakitu baeh heula. Cekap nya? Masih lieur?
Sanajan neng Icho masih lieur, abdi moal petot-petot miharep Neng Icho ngartos kana maksud guaran "Sunda Da" jeung "Sunda Sanajan" (eta mah conto bae Neng :)).
Baktosna,
manAR
On 5/12/05, Icho <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mang ManAr..punten ah teu patos ngartos naha sunda "Da" teu optimis ??tebih kitu benten na sareng "sanajan".leres teu pengertian abdi siga contoh di handap :misal : "da abdi mah urang sunda.. tapi abdi oge tiasa mimpin dunia ---> pesimis, ragu2 ?"sanajan abdi urang sunda, abdi ge tisa mimpin dunia" ---> optimis ??indo : kalau saya mah orang sunda, tapi saya juga bisa mimpin duniawalaupun saya orang sunda, saya bisa mimpin duniada abdi mah lieur ( cukup, teu aya kata lanjutan na )sanajan abdi lieur.. ..( kedah aya lanjutna na )kumaha sih maksud na ?? di japri wae mang nya... nuhun=Icho=kapungkurseringdisebatsidadasoalnaupaminyarioslangkungseueurdadanaKomunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id----- Original Message -----From: oman abdurahmanSent: Thursday, May 12, 2005 12:29 PMSubject: [Urang Sunda] Antara Sunda "Da" jeung Sunda "Sanajan"
Baraya,Poe Senen anu anyar kaliwat, si kuring milu ngariung di dapur sundanet.com di Jl Sukasenang V No 14 Bandung. Anu hadir diantarana Abah Surya, narasumber sundanet.com, Kang Aji kanca ti Yayasan Sawalabumi, Teh Nenny jeung batina anu bungsu, Kang Benny patih goahna sundanet. Anapon anu jadi jejer pajemuhan anu utamana ngeunaan mateakeun (memberdayakan) budaya (Sunda), khususna kasenian, pikeun nepikeun program-program pamarentah. Tapi, dina seuhseuhanna mah padungdengan teh biasa bae "ngaler-ngidul" ngobrolkeun sagala rupa ngeunaan anu aya patula-patalina jeung kasundaan.Diantara anu dialokan dina riungan teh soal anu ayeuna keur meujeuhna rame silih tempas dina koran "PR", kasundaan tea. Upama dititetnan, anu keur adu renyom masoalkeun kasundaan teh bisa ibagi dua golongan. Anu kahiji, anu diwakilan ku Miing jeung dulur urang anu tulisanna sawanda jeung Miing. Cupatna tulisan atawa pamadegan model anu kahiji, ringkesna mah pesimis kana eksistensi kisunda. Anu kadua, anu diluluguan ku saha teh...hilap deui namina, anu ngabela yen sunda aya keneh dikieuna.Aya istilah ti abah Surya anu inget keneh tepi kaayeuna anu ngagambarkeun dua model pamadegan ngeunaan kisunda anu rame di koran PR sakumaha disebut di luhur: Sunda "Da" jeung Sunda "Sanajan". Saur Abah, Sunda "Da" teh larap ka US anu loba teuing luh-lah atawa humandeuar ngeunaan eksistensi kisunda. Disebut Sunda "Da", sabab umumna babasan anu kaluar ti US model kitu nya anu sok dimimitian ku kecap "da". Upamana bae: "Ahh...da urang Sunda mah kitu, tangtu bae moal aya kamajuan", "Bongan da urang Sunda mah tara wani ka hareup", "Da ceuk uing oge Sunda mah kitu...matakna....", jst.Sabalikna, ari Sunda "Sanajan" mah jembar, nyoko kana pasipatan cai, ngalarapkeun salah sahiji harti Sunda, nyaeta cai tea. Enya, salah sahiji harti Sunda tina 25 harti Sunda sakumaha dina buku "Kasundaan Rawayan Jati" teh, nyaeta Sunda = "Cai". Kumaha bae cai, sanajan dihalangan ku rupa-rupa panghalang, cai mah tetep neangan jalan pileumapangeunana. Sakumaha wewegna oge beton anu ngahalangan cai, cai mah tetep bisa sumelesep, nyerep kaditu ka dieu sok sanajan saeutik.Sunda "Sanajan" oge siga cai. Upama geus katingal bebeneranana atawa naon anu sakuduna, atawa jatidiri anu alusna, sanajan loba anu ngahalang, ngece, ngajejeleh atawa ngahina oge tetep moal unggut kalinduan, moal gedag kaanginan. Tetep Sunda kuring arek ka hareup, da kuring yakin mataholangna ajen-inajen kasundaan teh alus. Kitu meureun istilahna teh. Jadi, babasan kecap ti golongan Sunda "Sanajan" mah upamana: "Sok sanajan batur nyebut US teh teu wani ka hareup, kuring mah da US, nya arek mimpin bae sabisa-bisa di lingkungan anu kuring anu kadada kaduga"; "Sanajan disebut teu wanian, kami rek ngabuktikeun yen kami wani nyorang ieu kahirupan", "sanajan basa Sunda ceuk cenah geus mimiti pada ninggalkeun, kuring mah arek tetep usaha migunakeun basa Sunda", jst. Sunda "Sanajan" tea.Sunda "Da' lamun diantep bae bisa ragrag kana babasan "ajag ngajejewet sorangan" atawa disebut oge peta (perilaku) "neluh sorangan". Kitu soteh lamun kaluarna ti urang Sunda kalawan heunteu mere cara-cara jalan kaluarna atawa ngan ukur diuar-uar dina media, jadi konsumsi sarerea. Numutkeun Abah Surya, keur (dunya) atikan mah (satemenna urang sarerea ti mimiti gubrag ka alam dunya nepi ka dikubur, moal leupas tina atikan, sabab "longlife education" tea), Sunda "Da" teh teu hade. Keur konsumsi balarea, peupeujeuh, Sunda "Da" ulah ditabeuh, sakurang-kurangna ulah digegedekeun. Sabalikna, keur dina media, keur ka balarea, anu kudu mindeng disoarakeun teh nya sikep optimis siga babasan ti Sunda "Sanajan" tea. Keur atika politik, komo, Sunda "Sanajan"penting pisan dikahareupkeun. Tingali geura bangsa nu lian, upamana, bangsa Jepang, apan sakitu alusna sikep kana citra diri anu hade teh.Dimana atuh alusna nabeuh Sunda "Da"? Abah Surya ngawaler:" Tah di gedong dprd, di gedong bapeda, dina padungdengan heureut jeung pangagung pamarentah, komo keur madungdengkeun program mah. Taya lian, sangkan anu jadi bangbaluh teh lain ukur diomongkeun, tapi pek dijieun program keur ngobatanana".Cag heula.manARwilujeng jadi Sunda "Sanajan"
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

