Siap, Bah! Aeh, da geus beres nya sigana mah soal saran-menyaran teh... Nya atuh, sakali deui urang ulas ringkesna... - Pikeun unggal baraya nu anyar asup, mun teu salah bakal narima pangwanoh ngeunaan milis ieu, oge ngeunaan ayana database anggota milis, nu tiasa dieusian & ditempo ku unggal anggota. - Pikeun ngawanohkeun & ngalomakeun, cara nu jetu nyaeta ku pancakaki, ngawanohkeun kuanjeun sakaligus tatanya sugan aya nu kasang tukang/lemburna sarua. - ulah salah, di ieu milis nu geus wanoh patepung beungeut mah paling ngan saehena, teu loba. Naha bet siga nu geus waranoh? Nya heueuh atuh, da meh unggal poe ngobrol, gunem catur, ngabuih di dieu. Jadi, perlu waktu oge. Malah, teu kungsi panggih oge bisa nguntungkeun keur urang. Misalna kuring, moal kagok mun rek nyarekan salasaurang warga milis, misalna Kang Duli. Karep teuing itu ambek ge, paling ge males nyarekan, bari jeung cape ngetik. hehe... Mun bari pahareup-hareup mah, sangeuk teuing kuring wani nyarekan, kaburu mesat beceng atuh, Kang Dulina ge...
geus ah, bet jadi nyontoan teu bener kuncen teh... permios ah, adios amigos, horseh! jk On 5/20/05, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Tah ieu mah tugas kuncen kanggo ngabejerbeaskeun tata > etika sareng perkawis kagiatan sareng web urangsunda. > Mangga ah, disanggap ku para kuncen. ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> In low income neighborhoods, 84% do not own computers. At Network for Good, help bridge the Digital Divide! http://us.click.yahoo.com/HO7EnA/3MnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

