Assalamu'alaikum
 
Kasadayana tos ah entong pacental - cental wae. urang teh pan sarua keneh urang islam kudu asak hampura atuh. pan basa kamari ieu urang teh madungdengkeun papagah karuhun urang nu opat tea maenya ayeuna geus poho deui. inga...ingaa...!!!
  1. ulah babarian
  2. ulah humandeuar
  3. ulah pundungan
  4. ulah kukulutus

Akang eteh dina perkara leutik wae urang teh geus garede ambek, komo lamun mas'alah gede, edek kumaha US bisa paheuyeuk - heuyeuk leungeun keur nanjeurkeun TS kakara kieu bae geus pahaok - haok. ari jeung dulur mah sanajan sakumaha salah ge hampura weh atuh, diajar entong sensitif teuing jeung dulur mah tah lamun jeung deungeun - deungeun mah pek bae arek nepi ka silih kadek oge teu jadi mas'alah. lamun edek galak mah entong jeung dulur tapi jeung batur

ayeuna mah islah nya, hampuraaa akang eteh, dulur kuring anu balageur

Wassalam

Nana Sutrisna



iva wanti <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

Padahal tos saparo baraya didieu ngalayeutan....masih kirang keneh kitu? he he he.....
Sok cenah para wanojana kalaluar ulah nyarumput wae.....yeuh abdi ge anu nuju sarius nyimpang heula kadieu. Tuh nya buktina pan pada merhatoskeun. Sok enggal ayeuna mah guarkeun pangalaman, pamadegan. banyolan, salami kedah sasuai etika. Mung didieu mah tong pundungan. Sok prung deui ah.......
 
 
 
Neng Iva
(anu nuju tunduh)




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Mail Mobile
Take Yahoo! Mail with you! Check email on your mobile phone.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke