Punten Bah Willi, Kang Yudi sareng baraya sakantenan we didieu nya.

Ngarenghap heula�.he he he�.Punten bari disambi ku heurey supados henteu seurius teuing sareng deuih abdi mah kana huereuy ge resep.

 

Gagasan/kaputusan samodel anu dicarioskeun ku Walkot Padang tiasa wae ti sasaha ge. Tiasa ti pejabat, ulama, mahasiswa, guru jeung sajabana boh kalangan anu tihandap. Mung ngamutuskeunana pan henteu sagampang urang ngemutkeunana. Ayeuna upami Walkot anu gaduh gagasanana pan kedah diajukeun ka sidang DPRD.Upami henteu disatujuan berarti Perda-na moal kaluar.

Saleresna pasoalanana letakna aya dina pamutusan peraturan dina etika berpakaian. Boh eta teh bade pakaian baheula, atawa bade cara barat, atawa cara artis mun seuseurna masarakat artis, misalna. Kaleresan realita dina masarakat,oge sabab pandangan agama sareng kabetulan seuseurna masarakatna beragama islam henteu aya salahna salami masarakat nyatujuan oge. Dina jadi henteuna mah kumaha proses. Memang gagasan samodel kieu bakal karaos ekstrim. Prosesna anu tadina pandangan agama, teras jadi kabiasaan, teras deui dijieun aturan, ningkat jeung ningkat akhirna leuwih luhur jadi karaos ekstrim.

Ucapan Walkot memang tiasa dipandang salah lamun ditingali dina kontek ras. Upami ditingal dina kontek demokrasi sah2 wae.

Istilah agama anu disebut dina konstitusi UUD 45 (mun teu lepat pasal 29 kitu) henteu sarua dina pengertian Din-Agama Islam, tapi dibatasi dina pengertian sistim kayakinan/kapercayaan jeung tata cara ngalakukeun hubunganana jeung Tuhan. Contohna mun dina agama islam nyaeta sholat,zakat jsjjb. Busana muslim kontek agama islam lebet kana ahlak/etika berpakaian, henteu kalebet kategori anu dimaksud UUD 45. Oge kitu jeung masalah ekonomi, misalna islam ngalarang riba. Eta henteu kalebet dina istilah agama menurut UUD 45. Dina masalah perlindungan kanggo kayakinan jeung kagiatan peribadatan mustahil nagara atanapi pamerentah islam ngalarang.

Etika berpakaian jilbab dina masarakat jeung di lembaga2 sakola henteu beda jauh. Misalna ayeuna sakola ngatur supaya pakean siswa diseragamkeun.Naha salah? Padahal aya wae eta teh motif ti siswa hoyong nganggo rok mini,misalna. Tapi salama urang gaduh kapentingan dina lembaga eta, bade sakola, kantor misalna, pabrik atanapi anu langkung ageung nagara, pan kudu dilakonan. Nu namina hukum/peraturan pasti aya wae unsur paksaan jeung moal bisa ngamuaskeun 100% warga masarakatna.

Di Malaysia memang dina hal pakaian henteu diatur siga di Padang. Tapi dina hal ekonomi, pamerentah Malaysia mere perlindungan husus kanggo urang melayu dibandingkeun jeung urang cina (ieu saleresna pan tiasa lebet kana ras) Tapi geuningan henteu nimbulkeun gejolak anu ageung di nagarana. Beda jeung di urang, sabalikna justru cina anu meunang perlindungan manan pribumi ( ieu oge aya hubunganana sareng perkembangan waktu jaman Belanda )

Saleresna perlindungan ekonomi dina islam langkung diutamakeun, langkung penting dicarioskeun dibandingkeun jeung soal2 sejenna, misalna ayeuna etika berpakaian. Sabab perlindungan ekonomi kanggo kaum lemah mangrupakeun perjuangan islam ti awal keneh.

Teras ayeuna kajadian di Perancis henteu beda jauh di urang oge waktu jaman orba, waktu dipimpin Mendikbud Daud Yusuf  pernah ngalarang pemakaian jilbab di sakola2. Waktu harita ceuk anggapan anjeuna posisi jilbab henteu dianggap pasoalan agama, hartina henteu lebet kana wilayah agama anu berdasar UUD 45. Harita pan kapaksa jalmi2 anu hoyong nganggo jilbab di sakola henteu nganggo.

Peraturan anu dijieun ku perancis eta pan hak-na. Soal aya anu ngaprotes eta mah henteu jadi masalah. Hak tiap jalmi ngungkapkeun pendapat. Sapertos anu di Padang, tinggal milih mana anu langkung sae (mana yang lebih baik). Misalna anu protes, berarti tinggal ngubah atanapi ngaganti peraturan sateuacanna.

Dicekapkeun dugika dieu, upami aya basa kirang merenah neda dihapunten.

 

 

 

Baktos,

Neng Iva 



Waluya <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Di urang ayeuna jadi nagara teu pararuguh, kabeh hayang nyieun
aturan, lieur jadina teh. Contona di Bali. Baheula mah di Bali
lamun Hari Raya Nyepi aturanana teu heuras teuing jiga
ayeuna-ayeuna. Ayeuna mah lamun hari raya Nyepi ulah nyoba-nyoba
kukulamprengan di Bali, bandarana wae ditutup, padahal bandara
ngurah rai teh bandara internasional.

Baktos,
WALUYA


> Sapagodos sareng Bah Willy. Upami leres aya perda NON-MUSLIM
> kedah
> nganggo jilbab, asa kacida, teu aya bedana jeung Prancis nu
> ngalarang make jilbab di sakola/RS/institusi pamarentahan.



Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id



Do you Yahoo!?
Yahoo! Mail - Find what you need with new enhanced search. Learn more.

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke