|
Walikota teh sarupaning
pamingpin sami
sareng persiden, gupernur, bupati, lurah, camat, kades,
pa rw, pa rt, ketua partey, ketua
kpu, kepala keluarga, direktur, manajer, jrrd. Punten upami lepat, mangga dilereskeun… Pamingpin
teh kenging giliran pangpayunna disuhunkeun tanggel walerna ku Allah di Yaumil Akhir,
leres kitu Kang Nana? Ari ceuk abdi mah tanggel waler
anu dipenta ku Allah ti para
pamingpin teh pasti sanes perkara dunya
bae, perkara anu ngeunaan akherat
oge di audit. Patalina sareng wacana SE jilbab di Padang, nyaeta
meureun Pa Walikota teh sieun kenging azab
ti Allah kumargi teu saeutik
muslimah, didaerah anu dipingpin ku
Pa Wali, teu ngaranggo jilbab, padahal parentah nganggo jilbab teh aya dina Kitab,
sami sareng parentah Sholat, Zakat, Shaum, nebihan
maksiat, nyumponan amanah, sareng seueur deui nu
sanesna. Ayeuna cenah mung SE jilbab
heula anu tiasa didamel ku
Pa Wali. Enjing pageto mah mugi
langkung ti kieu. Tah kitu
meureun nu aya dina
pamikiran Pa Wali teh…ceuk Jeger Di alam dunya, jalmi
dipasihan kakawasaan kanggo mingpin diri sorangan masing-masing. Upami sae mingpin dirina
pasti sae balesannana ti Allah. Komo deui jalmi anu
tiasa mingpin jalmi kana jalan anu dituduhkeun Allah, tangtos langkung sae deui balesannana
ti Allah. Cag heula…tutup lawang sigotaka. Baktos Duli Dodet -----Original
Message-----
·
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|

