Ass. wr.wb.
Haturan kisunda, punten yeuh langkung tipayun pribados seja nepangkeun heula ka kisunda sareng kasadayana milis, wasta mah anu ka telah teh pun Hendi Rohendi, ari padumukan mah di Soreang - Bandung.
Pribados ngaraos reueus kuayana ieu media teh margi mangpaat na seueur pisan, utamina mah urang tiasa silaturahmi papada milis, mugia sing tiasa dipertahankeun sareng dironjatkeun deui, hatur nuhun pisan.
Salajengna mah sim kuring teh bade nepangan Bp/Kang Oman Aburahman, haturan Kang, nepangkeun yeuh pribados pun Hendi ti Soreang.
Ari janten sabab mah pedah Kang Oman kantos nyabit-nyabit nami Kang Nana Munadjat ahli seni ti Subang, waktos nyarioskeun perkawis Kongres Basa Sunda tea.
Waktos maca nami Kang Nana, naha atuh bet leng... weh emutan pribados teh ka taun 1976/8 waktos harita pribados kantos sagulung-sagalang sareng anjeunna waktos kost di bumina Bu Haji (hilap deui namina )mah, waktos kang Nana kuliah di ASTI ari pribados mah sakola di STM 2 didaerah cijagra.
Wah upami diemut-emut mah asa cikeneh pisan, panineungan sareng ajeunna teh asa bruy-bray narembongan deui, padahal tos langkung 25 tahun kalangkung.
Ayeuna pribados seja bade nyuhunkeun tulung ka Kang Oman, naha dimana ayeuna Kang Nana Munadjat teh alamatna/telp.(HP)na, atanapi e-mail na, naha anjeunna teh ngadosenan di ASTI, sareng deuih dupi rayina, Kang Nanu Tinus, kumaha kabarna? ku pribados Insya Alloh kapayun bade ditepangan.
Tos ah sakitu heula we bilih panjang teuing, Insya Alloh sanes waktos disambung deui, hatur nuhun pisan kana bantosan Kang Oman, sakali deui hatur nuhun.
Wassalaam,
Salam sono ka kang Nana M./Nanu T. Ti pun Hendi tea, di Soreang.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

