Mang Oman atuh pami kersa dugikeun asupan sim kuring, mun Kang Dicky rek mesek masalah kujang punten pang milahkeun nu didadasaran ku bukti/fakta sajarah, mana nu panapsiran. Punten poekeun yeuh masalah kujang mah.
salam
JP
Cat. Cenah ka Kawali/Panjalu jeung AO, naha masih OL....di Ciamis ieu teh?
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Baraya,Bieu teh kadatangan Kang Dicky anu keur nulis buku ngeunaan kujang, pakakas kahormatan dina budaya Sunda tea. Lain perkara kujang teuing anu rek diobrolkeun teh, tapi dongeng kang Dicky ngeunaan gambaran pamimpin Indonesia anu geus jeung eukeur manggung anu dilambangkeun ku ramo anu lima tur dipungkas ku tangtungan kujang anu dicacandak ku anjeunna.Ieu kujang, ceuk anjeunna bari nembongkeun kujang gaduhna, jeung ramo anu diacungkeun hiji-hiji bari terus dikeupeulkeun, mere gambaran kapamimpinan di nagara urang, ti mimiti presiden anu kahiji nepi ka anu ayeuna jeung engke pikahareupeun. Kapamimpinan Indonesia ka hareup gambaranana aya dina kujang anu dibalikkeun da uyah mah kudu netes ka handap saurna. Bari jeung teu ngarti, si kuring terus bae ngabandungan. "Enya, da kudu ti Sunda akhirna mah pamimpin teh, sakumaha kalimah "ieu Sunda" aya dina kecap "Indonesia" , saurna deui. "Naha bet kitu?", kuring nyela. "Aeh Kang, apan upama 'Sunda" ditulis ku ejaan buhun (Soenda) kalimah 'ieu Soenda' teh apan aya dina kecap 'Indonesia'!", saur anjeunna deui rada nyeuneu. (aeh, enya bae geuning, sanggeus ngaringkel-ringkel kalimah tina-tina hurup-hurup anu aya dina kecap "Indonesia" nya gorehel kapanggih kalimah "Ini Soenda").Ari kapamimpinan Indonesia dina ramo jeung peureup, kieu dongengna. Di mimitian ku cinggir, gambaran Presiden Soekarno salaku pamarentah anu, ceuk cenah, visi kapamimpinanna teh karakyatan tea. Sakumaha ari cinggir teh sok disebut "anak" kusabab leutik tea jeung ayana pangsisina.Ari Soeharto, gambarananna teh jari manis, dina harti, "manis janji" bae, kalahka beuteung bae nambru salila 32 taun marentah ukur ngabeungharkeun diri jeung kulawadetna (baraya, omat, ieu mah kasauran Kang Dicky :)).Ari Habibie mah gambaranana teh jari tengah. Enya sebab nyengceling nu eta mah, presiden anu aslina lain Jawa, jeung deui pangartina punjul da sakolana pinter. Badis bae jari tengah anu punjul ti ramo sejenna. Ahli kapal udara tea atuh.Kumaha Gus Dur? Tah eta mah simbolna teh curuk. Enya, teu kaur ngan tutunjuk jeung tutunjuk bae (sabab...punten....teu ningal tea meureun). Sigana nepi ka ayeuna kabiasaan tutunjuk teh can eureun.Ari Bu Mega mah dilambangkeun ku jempol. Enya apan jempol teh indung ramo tea, payus ka warugana anu wanoja jeung....sing sarwa alus bae laporanana sok sanajan kaayaan rahayat teu menyat-menyat oge.Tah, upama Sby mah cenah, gambaranana teh upama seug sakabeh ramo teh dikeupeulkeun. Lain hartina Sby tukang gelut, tapi lambang ngeupeul di dieu meureun nangtang rahayat nepi ka ampir unggal poe aya bae demo (basa jembarna mah meureun, kawijakan-kawijakan Sby teh nangtang rahayat, teuing atuh, wallohu'alam).Anging Alloh anu uninga, eta mah basa kirata migunakeun lambang. Ngan palebah naon maksudna pamimpin engke aya dina kujang, Kang Dicky ngawalonan:"Satiap kujang aya gagangan, tah dina gagangna teh sok dihias ku si belang, seug geura balikkeun eta kujang, sina ngeluk tungkul ka rahayat, tangtu baris katawis sima kapamimpinan anu dilambangkeun ku maung dina gagang kujang". Wallohu a'lam deui bae, mangga bae aremutan, da eta mah ngaranna oge kirata.Cag heula.Baktos,manAR
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Mail
Stay connected, organized, and protected. Take the tour
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

