Dinten Saptu, 21 Mei kamari di Redaksi Kujang aya sawala bulanan, anu 
jejerna mapag Kongres Basa Sunda nu baris lumangsung di Subang Juni 
nu baris dongkap. Nu ngajejeranana Kang Hidayat Suryalaga.

Aya nu narik. Upami teu lepat mah aya duaan anu ngadongsok sangkan 
Kongres ulah dilaksanakeun saupami jejerna eta-eta keneh (rupina mah 
aya bocoran yen anu baris dibahas dina Kongres Subang teh eta keneh-
eta keneh). Apan nu kamari-kamari ge teu dilaksanakeun. Jadi keur 
naon atuh aya deui kongres ngabahas nu teu dilaksanakeun. Kitu kira-
kira. Ninggang kana omongan yen Kongres teh Ngawangkong teu beres-
beres tea. Tapi mugi-mugi bae, waleran Kang Hidayat harita aya 
leresna, yen saurna aya robahna Kongres nu ayeuna teh.

Sabada ngariung ngobrol sareng Pemred Kujang, Kang Tatang Sumarsono. 
Anjeunna diulem ku panitia kanggo ngadamel makalah anu 
jejerna "Bacaan Barudak dina Basa Sunda". Saur Kang Tatang teh, inget 
keneh cenah dina Kongres taun 1993, anjeunna oge diulem nyerat 
makalah anu jejerna nya nu tadi tea, soal bacaan barudak. Nilik ka 
dinya mah duka lebah mana bedana Kongres nu ayeuna teh.

Aya hiji hal anu duka bakal kaguar moalna dina Kongres Subang. Nyaeta 
soal basa Sunda di internet. Dina Kongres taun 2000 di Garut, memang 
aya anu nyarios soal website (situs internet) Sunda. Upami teu lepat 
harita anu diulem teh ti Sundanet.com. Ngan harita mah nembe ngabahas 
soal situsna, teu acan wincik kana eusina.

Manawi kaemutan ku para wargi, kedahna aya nu nyarios ti Lembur 
Babakan Kusnet soal kumaha pabaliutna mateakeun (naon nya padanan 
mateakeun teh dina basa Indonesiana?)basa Sunda di komunitas urang 
Sunda nu sakitu warna-warnina. Lain bae warna-warni dina sual 
padamelan/profesi, tapi warna-warni lebah padumukan, kahayang, jeung 
tabeat. Ceuk sim kuring, basa Sunda anu dianggo di Kusnet teh hiji 
kasus anu ngagambarkeun warna-warni urang Sunda kiwari anu tangtu 
narik upama ditilik tina perspektif kabasaan. Upamana kumaha urang 
lieur hayang nyundakeun rupa-rupa istilah internet anu sakitu 
balatakna.

Ua Sas atawa Mang Jamal sigana langkung merenah jadi jubir. Ku kituna 
sugan aya nu bisa nyasakan (menjembatani) urang Kusnet jeung panitia 
Kongres. 

Cag.


DARPAN




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
What would our lives be like without music, dance, and theater?
Donate or volunteer in the arts today at Network for Good!
http://us.click.yahoo.com/MCfFmA/SOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke