|
Kaleresan siuing ge sok pirajeunan
lalajo, basa tampil malem minggu kamari neng Gita make jilbab mangrupa topi,
meureun eta nu disebut jilbab gaul teh. Calanana rada merecet kaluhur, bajuna
make sleting tur dibuka satengah dada, untung make rangkepan, ngan sareretan
dadana siga ngaliglag da warna rangkepanana sarua jeung warna kulitna.
Hmm...make jilbab tapi kesanna seksi, katambah milih laguna anu ngebit judulna
"liku-liku" atuh kapaksa jurus geolna dikaluarkeun. Enya ari dangdut teu
goyang teh asa kurang afdol, tapi teu sakabeh lagu dangdut kudu kitu. Kahayang
mah ari make asesoris nu kitu mah, milih lagu nu sendu jadi teu JOTEK teuing mun
keur ngahaleuang. Bandingkeun we jeung Ekabima anu harita make jilbab oge,
bajuna serasi sumawona laguna irama padang pasir lagu magadir matak sing seredet
tuur. Payus teu matak sareukseuk.
Ceu Dorce sigana geus bosen ngiritik
pakean anu sok dipake ku neng Gita tiap tampil, kamari ge ngan ukur nyebut
no komen. Kahayang mah ulah enggih wae didanggdanan ku cep Yohannes teh, kudu
selektip da make kekeben sirah jeung ditongton ku balarea. Siuing mah asa
reueus keneh ka Siti KDI najan teu make julbub jilbab tapi kesanna alim tur tiap
tampil mempesona komo lagu nu dihaleuangkeunana lagu "Syahdu". Hmmm
Punten, kanggo kang Rafly aya kecap
bangga pisan, panginten maksadna reueus, da kecap bangga dina basa sunda mah
hartosna, hese bin susah, hatur nuhun.
syam ridwan
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links
|
Title: Message
- RE: [Urang Sunda] Jilbab Gaul syam ridwan

