Punten ka para wargi sadaya. Abdi ngiring mairan sakedik pamadegan. Ieu mah mung ukur pamadegan abdi. Dina ayana perbedaan pamadegan atanapi pendapat, pan eta mah wajar, hak-na gaduh pendapat anu benten. Upami aya anu langkung sae atanapi sikot, abdi ge terbuka. Mung punten abdi moal manjangkeun deui perkawis ieu.
 
Kanggo Bah Willi sareng sadaya baraya, leres numutkeun pandangan saorang muslim mah soal jilbab memang patula patali jeung kayakinan hirup, sikap paribadatan ka Alloh anu diyakini bakal kengeng pahala kanu ngalaksanakeunana ( contoh sejen misalna dina soal dagang tong ngabohong misalna dina soal timbangan ) Tapi ayeuna lamun aya kayakinan jilbab teh teu wajib, eta mah teu kedah aneh. Sabab ceuk samentara penganut sejen oge sholat pan teu dianggap wajib. Komo deui perkawis jilbab.Tapi kayakinan anu aya dina UUD 45 gaduh batasan tersendiri nyaeta soal nganut/soal pemelukan agama sareng paribadatanana. Pamerentah pusat masihan hak husus kanggo NAD, moal benten jauh ka daerah sejen oge dipasihan mun daerahna atanapi masarakatna hoyong nanjeurkeun sareat islam.
Punten Kanggo Kang Yudi sareng baraya, sapagodos pisan yen islam ngajarkeun teu meunang maksa non muslim sangkan nganut islam. Nu dimaksud UUD 45 nyaeta kabebasan memeluk agama jeung ngajalankeun peribadatan menurut ajaran agamana. Nu keur ku urang disawalakeun teh sanes berandai2 aya Perda sangkan non-muslim asup kana islam atawa jalma ti gereja supaya ka mesjid, tapi ieu mah nyarioskeun, sakali deui nyarioskeun etika (sopan santun berpakaian). Abdi teu apal naha ari dina agama kristen aya aturan sopan santun berpakaian henteu. Lamun ngatur sakumaha anu dipake ku para biarawati, mun kitu mah panginten teu beda jeung urang. Tapi lamun henteu, berarti bisa nganggo bisa henteu. Mung dina islam kaleresan memang aya. Nyaeta idealna mah muslimah teh nganutup aurat. Kusabab aya aturanana kitu, nya wajar keur muslim anu aqhil balig berupaya nyesuaikeun jeung aturan agama. Lain ngan saukur dina pakean tapi oge dina etika perilaku sejenna saperti ekonomi, dagang, berpolitik jssjb.
Tah dina islam teh, dina wilayah aplikasi politikna, meureun, aya anu sipatna maksa kanu non muslim sangkan menaati kapentingan umum. Misalna wae keur jaman Nabi Muhammad aya kawajiban mayar pajak semacam upeti mun teu lepat namina teh Zizzah kitu. Ketika diwajibkeun ka nu muslim mayar zakat, bagi non muslim diwajibkeun bayar pajak eta.
Ayeuna upami maksa non muslim kudu asup ka mesjid supaya sholat memang teu meunang, tapi maksa keur urusan anu patula patali sareng kapentingan umum pan ku Nabi ge dilaksanakeun dugika para khulafaur rosyidin dilaksanakeun. Kitu oge dinasti Ummayah, Abbasiah sareng Fatimiah. Contoh ayeuna kanggo kapentingan umum dina bulan puasa maksa tempat2 hiburan sangkan tarutup atanapi warung2 nasi sangkan tong saenakna balakecrakan. Ari masalah kakawasaan mah sapanjang keur kapentingan umum, naon lepatna. Sok sanajan eta teh atas nama islam. Ayeuna perkawis koteka, ceuk urang sopan henteu? Sakaterang abdi ceuk urang irian oge ayeuna tos dianggap primitif. Tapi misalna ayeuna umumna masarakat irian rek nganggap/balik deui kana koteka atanapi secara teoritis mah bisa wae urang nyarios di Irian diterapkeun koteka. Mung eta pikiran teh perkara anu mustahil sabab kanyataanana seueur urang irian oge ngajak supaya teu make deui koteka. Upami sacara teori nyata kaalaman ku urang muslim. Nya kawajibanana ngarobah kakawasaanana, ku ucapan, lamun teu bisa ku dua eta nya ku hate. saterusna deui nya kawajiban muslim mah hijrah.
Cekap sakieu bae pamadegan ti abdi. Hapunten sateuacanna bilih aya basa anu teu merenah.
 
 
 
 
Baktos
Neng Iva
 

MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Sabada kuring nalungtik padungdengan perkara di
handap,sarta ningali karakter Bah willy sareng Kang
Nana, "demi kebaikan bersama", kumaha upami perkara
ieu teh di "stop" wae. Margi aya dua landasan anu
benten anu jadi dadasar pipikiran Bah Willy sareng
Kang Nana.

Bah Willy mah (upami teu lepat, punten dikoreksi),
mung ningali jenjang ngadamel aturan, sanes eusi
aturanana, dimana sagala aturan anu panghandapna
(perda) kedah ngacu "sesuai" sareng aturan anu
pangluhurna (UUD 45).

Kang Nana ningali eusi atanapi esensi aturan(perda)
eta. Janten benten pisan.

Tapi asana teh aya teh Iva, anu langkung uninga
perkawis "hukum-hukuman".Mangga dimoderatori, kumaha
carana, sangkan "caina herang, laukna beunang".


baktos,

mrachmatrawyani


           
Discover Yahoo!
Get on-the-go sports scores, stock quotes, news and more. Check it out!
http://discover.yahoo.com/mobile.html


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke