Euleuh geuning manghariwangkeun.....pami teu aya bahan nu anyar mah tos we gentos janten "Evaluasi hasil kongres VII". Dina PR oge Mangle teu aya yeuh nyambit2 ngeunaan KBS.
JP
oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Kang MH,Sakumaha ceuk MJ, enya di urang teh komunikasi anu rada kurang teh. Warisan manusa huma kitu anu arang langka parapanggih? hehehe.Enya memang, hajatan kongres Basa Sunda ka 8 di Subang teh tiis-tiis bae, siga anu arek sila ipis atawa siduru isuk-isuk. Si kuring oge meunang katerangan anu rada kumplit ngeunaan eta kongres teh bane bae kamarina manggihan dulur urang anu mindeng tepung jeung panitia, nyatana Kang Nana Munajat (dosen SMKI) jeung Kang Nanang wartawan Galura.Ti aranjeunna, si kuring meunang proposal eta kongres anu mutakhir. Dina eta proposal, didadarkeun ngeunaan kongres, lengkep ti mimiti jejer ageung (thema), kasangtukang, tujuan, pamilon, judul-judul jejer makalah jeung anu pamakalahna. Ke sugan aya waktu urang tuliskeun sangkan dipkawanoh ku sadaya dulur urang di milist.Anu tetela mah, Kongres Basa Sunda ka 8 rencana dilaksanakeun di Subang. Anapon waktuna, anu tadina kaping 14-15 Juni 2005 digeser jadi kaping 28-30 Juni 2005. Ningali jejer-jejer makalah mah asa heunteu aya anu anyar atawa anu matak narik pamilon golongan ngora dina eta kongres teh. Komo ngeunaan basa Sunda di internet mah teu aya pisan. Atuh pon kitu keneh, dina proposal teh heunteu aya strategi kumaha carana sangkan eta kongres sukses di deugdeug ku saloba-lobana pamilon.Baktos,manAR
...
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

