mj

satuju kang. tadi wengi tos kutrat-kotret ngadamel seratan, minangka bahan
kongress rencana mah upami tos beres, bade dipasihkeun ka LBSS di gedong
YPK. tapi teu acan rengse. di pangulinan bade hajatan wisuda saptu
enjing,jaba kompetisi hibah A-3 tea. pakepuk.

sae oge upami aya nu kersa nyerat di milis KUSnet, ditarambihan ku nu
sanes atanapi di hadean

prung ah.

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]

> Kuring sapagodos sareng pemandak kang hasan garut
> (MH), perkara kongres basa sunda.
> Kuring usul, supados Kusnet, ngirim serat resmi ka
> panitia,hoyong ngeusian kongres ngabahas topik "IT
> hubunganana jeung kamekaran Basa". Aya kang MH anu
> ngarintis digitalisasi Pusaka Soenda, sareng tarjamah
> al quran, aya kang Kumincir anu ngadamel wikipedia
> versi basa Sunda, aya Ua Sasmita anu ngokolakeun rumah
> baca, sareng aya 1500 wargi sunda sa alam dunya anu
> dibeungkeut ku kacintaan ka basa sareng budaya Sunda.
> Asa pamohalan upama teu aya "rancatan" IT, tiasa
> ngabeungkeut urang sunda ti suklakna ti siklukna.
> Teras aya kamugkinan sanes, Kusnet tiasa ngusulkeun
> digitalisasi, naskah-naskah Sunda anu saur Mng Ayat
> masih aya sapuluh peti disimpen di musium nasional teu
> acan "kacabak".
>


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Has someone you know been affected by illness or disease?
Network for Good is THE place to support health awareness efforts!
http://us.click.yahoo.com/OCfFmA/UOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke