ceuk saha kang, pandangan US ka dirina sorangan alus?

soal seler, etnik, bangsa mah dimana-mana oge sarua binti sami. aya alusna
aya bututna. urang susundaan di KUSnet sanes bade ca-chauvinismeuan, ngan
ukur riung mungpulung sugan baroga pulunganeun nu sejen. kasadaran yen
urang hirup diantara umat manusa sadunya, masing-masing baroga kaleuwihan
jeung kakurangan, kedah jadi modal hirup kumbuh ayeuna.

nu sampurna mah idea atawa gagasan atawa ajaran. siga ajaran agama atawa
sifa-sifat kasundaan nu ku karuhun diwariskeun mangrupa palsafah hirup,
teu jadi ciri US, tapi (kudu) jadi cita-cita US. teu beda jeung Pancasila
tea.
mun eta Pancasila dipraktekeun, sigana ieu nagreg teh aman tengtrem, maju,
moal aya korupsi, moal aya nu miskin, sateng saterasna.

kitu oge susundaan, hese atawa teu sadaya ku urang tiasa dilakonan. silih
asih silih asah silih asuh, salah salima rumusna warisan karuhun, asa teu
pira, tapi hese gening.

sanadjan enya, adat US aya nu goreng, ah, da di seler batur oge aya. sikep
si kuring dina susundaan teh make ucapan gan Himendra Wargahadibrata,
rektor Unpad dina Mangle nu kungsi ka baca, "Ulah neluh maneh!"

saberna, ngaku US teh hartina urang kawengku ku adat suradat warisan
karuhun eta. jadi US nu geus nepi ka S. palebah dieu sarua jeung
katerangan, mun asup islam, kudu kabehanana islam. ulah ngan umroh jeung
naik haji unggal taun wungkul tapi tara malire tatangga, teu tutulung ka
nu butuh, bela kanu tunggara.

mj

http://geocities.com/mangjamal
[EMAIL PROTECTED]

> Hatur nuhun ka MH jeung kang Oman kana koreksina.
> Satadina mah kuring teh hayang nembongkeun yen citra US di kalangan
seler
> sejen teh henteu salawasna alus siga pandangan US ka dirina sorangan.
Salila ieu pan anu di omongkeun US ka dirina teh nyaeta US teh bageur,
ngelehan, amis budi, someah, sok tutulung jeung sagala rupa karakter -
karakter anu nunjukkeun sifat - sifat US anu meh sampurna.
>









------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Ever feel sad or cry for no reason at all?
Depression. Narrated by Kate Hudson.
http://us.click.yahoo.com/LLQ_sC/esnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke