Kiamat yaumil akhir
Matak kudu loba du'a
Tujuh puluh mah can lahir
Bralna ge dalapan dua

Abah keur ngagulung pahpir
Aya ucing eukeur modol
Basa kuring acan lahir
Karuhun ngadamel dodol

Ieu sangu mani pulen
Komo lamun dipedaan
Hapunten abdi hapunten 
geuning lepat sisindiran

~ipup~

--- In [email protected], "Mpup" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Meuli sikat eujeung odol
> Di parapatan paramon
> Karuhun ngadamel dodol
> Merekna dodol "diamond"
> 
> Galendo tina keletik
> Nyieunna dina palupuh
> Kapungkur abdi keur leutik
> Meureun taun tujuh puluh
> 
> Si Ujang keur ngabeberik
> Merik ucing maling odol
> Di Garut keur loba pabrik
> Harita nyieunan dodol
> 
> Gering kudu ka klinik
> Klinikna aya di kota
> "Diamond" eleh ku "Picnic"
> Picnic ka mancanagara
> 
> Nyeri beuteung gede hitut
> Meureun kudu dibalseman
> Enggeus eleh jadi bangkrut
> Atuh jadi dieureunan
> 
> ~ipup~
> (tah kitu lalakon pun karuhun teh, kang!)
> 
> --- In [email protected], Akhmad Gunawan 
> <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> > Malangbong kabupatian Garut
> > Aya oleh-oleh siga dodol (aduh hilap deui namina)
> > Neng IPUP teh urang Garut 
> > Naha tiasa ngadamel dodol?
> > 
> > <WAG>




------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Dying to be thin?
Anorexia. Narrated by Julianne Moore .
http://us.click.yahoo.com/FLQ_sC/gsnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke