Wa'alaikum salam
wr.wb.
Sami sami kang
oman,
Perkawis Eyang Jamhur engke
cobi bade pilarian,
Abdi masih gaduh artikel
SEJARAH BANTEN ngeunaan Masa Kehancuran Banten sareng Penghancuran Istana
Surosowan engke ku abdi bade diposting deui mudah mudahan aya manfaatna kanggo
urang sadayana.
SEJARAH PADJAJARAN :
PADJAJARAN ( 1482 - 1579 )
SEJARAH TATAR SUNDA :
SUNDAPURA
SEJARAH TATAR SUNDA : BOGOR
TUNAS PADJAJARAN
From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of oman abdurahman
Sent: Thursday, May 26, 2005 8:51 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] MASA KEJAYAAN BANTEN
Ass wr wb.,
Haturan Kang Lukman,
Hatur nuhun salira parantos mostingkeun silsilah raja-raja Banten,
neraskeun garapan Kang Gunawan anu tos lami tara ngalongokan milist jalaran nuju
aya pamengan akses internetna. Nuliskeun silsilah kalintang saena jalaran salah
sahiji kalemahan masyarakat US teh, utamana di golongan masyarakat biasa, tara
pirajeunan cutat-catet ngeunaan silsilah kulawargana, padahal ieu teh kalintang
pentingna.
Aya anu bade ditaroskeun sakalian nyuhunkeun tulung. Manawi aya catetan
silsilah ti katurunan Sultan Banten (ceuk beja mah ti Sultan Ageng Tirtayasa)
anu ngumbara ka palih wetan (Tasik-Ciamis), anu katelahna di Galuh pakaleran
(Kawali jeung sabudeureunana) mah ieu tokoh teh nyaeta Eyang Jamhur (nami
sanesna: Saleja). Ceuk sakaol, ieu eyang Jamhur atawa Saleja teh nya anu mimiti
ngababakan di daerah Manggala, tepis wiring atawa lamping kaler Gunung Sawal,
Kawali-Ciamis. Ceuk eta kaol, samemeh ka Ciamis/Galuh, Eyang Jamhur teh kungsi
ngababakan heula di Jasinga, Bogor.
Mangga, kalintang bingahna upama salira atawa anu sanesna tiasa mendakan
raratan sislsilah eyang Jamhur/Saleja dugi ka nyambung ka luhurna. Ari (salah
sahiji) pajaratanana mah aya di desa pun biang di Lumbung, Kawali, Ciamis.
Seueur kadang warga di Lumbung-Kawali anu nganti-nganti kajelasan silsilah ieu
Eyang Jamhur.
Hatur nuhun sateuacanna.
Baktos,
manAR
On 5/26/05, Lukman
Hakim <[EMAIL PROTECTED]>
wrote:
SULTAN-SULTAN DI BANTEN
1. Maulana Hasanudin, Sultan Banten I (1552-1570 M)
Sultan Hasanudin wafat pada tahun 1570, dan beliau dimakamkan di samping Masjid Agung Banten. Kemudian sebagai Sultan Banten II di angkat puteranya yang bernama Pangeran Yusuf. (Q)Data di kutip ti situs:
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
- To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
- To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
- Your use of Yahoo! Groups is subject to the Yahoo! Terms of Service.

