pasosore tadi, pendak sareng Abah Surya. diantara nu dicarioskeun anjeuna teh perkawis LBSS.
sihoreng nu ngurus LBSS teh estuning suka rela (relawan) atawa volunteer cenah. janten wayahnya mun aya kakurangan teh, nya sing gede ngama'lum. jadi lembaga cap uyuhan tea. dana pikeun KBS, kongres basa sunda teh ti pemda cenah (APBD, anggaran pendapatan dan belanja dulurs), nya mun teu diknas nya disbudpar. sanes dinas barudak parapatan, tapi dinas budaya & pariwisata :p dana binti waragad nu turun di dinas eta mung tiasa ngawaragadan pikeun 20-an makalah cenah, kaasup itungan nu hadir 200-an jelema. palebah dieu, sikep federalis (lain individualis bisi goreng teuing) US teh katembong. hajat pikeun madungdeungkeun basa sunda ngan ditanagaan ku dinas jeung pemda. paingan oge deui atuh, kamus basa sunda nu kandel teh nu eta-eta keneh, teu aya revisian atawa edisi anyar. aya oge di palasari sigana meunang ngabajak batur. jadi mun KUSnet-Ki Sunda hayang ngayakeun kongress basa sunda, nya kaci, tapi lain nandingan ngan maturan atawa versi kusnet| ki sunda husus basa sunda di internet. leuwih ka mangrupa basa tulis sigana mah, siga media citak. da sadayana make tulisan. mj http://geocities.com/mangjamal [EMAIL PROTECTED] ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Dying to be thin? Anorexia. Narrated by Julianne Moore . http://us.click.yahoo.com/FLQ_sC/gsnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

