Haturan kang ManAR

Sateuacanna sim kuring neda dihapunten, bilih dina
pamendak kuring didieu aya nu teu sapagodos, pari
paosna sanes maksad hayam ngajaran ngojay ka meri,
margi ari dina elmu bag-bagan agama kang ManAr teh
estu tos luhung pisan.
Upami teu lepat, dua dinten kapengker, sim kuring
ngabandungan kuliah subuh di RCTI anu dicandak ku
Quraish Shihab, ngabahas soal jiarah kubur.
Di antawisna upami kuring teu lepat nyimpulkeunnana,
ditegeskeun saurna :
1.Jiarah kubur teh sae, disarankeun ka urang sadaya
supaya urang emut ka maot.
2.Waktu urang tos dugi ka kuburan (biasana nu
karamatkeun), urang sok ngadoa. Dina waktu ngadoa
urang kudu langsung mumuntang ka ALloh SWT, ulah menta
didoakeun ka karuhun anu tos di kubur, margi kalebet
musyrik.
3.Ayeuna jiarah kubur tos janten komoditas budaya
(pariwisata) sahingga bisa ngahasilkeun �pendapatan�
daerah, ngan dina prak-prakannana sok nyimpang tina
parentah agama.
4.Ku kituna supaya teu nyimpang ti tujuan asal, para
sesepuh/ustad/kiayi/ajengan anu aruninga atanapi sok
janten �petunjuk jalan� supaya nerangkeun
sajelas-jelasna ka masyarakat atanapi kaumna,
mana-mana wae anu disunahkeun sahingga perlu
dilakukeun ku urang, mana nu haramkeun/teu beunang
dilakukeun ku urang jsb.
Upacara adat sapertos anu disanggemkeun ku kang ManAr,
ceuk kuring sarupa tapi teu sami + jiarah kubur di
luhur. 
1.Disarankeun ka urang, yen urang teh kudu tetep
ngopenan lingkungan urang, pikeun kahadean urang
sadaya.
2.Dina prak-prakannana, ceuk kuring mah ulah nyampur
aduk upacara agama Islam jeung Hindu, misalna ngadoa
ngagunakeun doa Islam, tapi make mere korban sato,
dipeuncit ku cara Islam tapi dibikeun pikeun nu
ngageugeuh di eta tempat, terus didahar balakecrakan.
Lamun kitu lain kahadean anu aya, tapi bakal mawa
cilaka ka balarea, sabab JELAS geus mawa kana
kamusyrikan.
3.Ku  kituna para �penyelenggara� WAJIB ngajelaskeun +
ngajalankeun mana anu diparentahkeun ku agama + kudu
ninggalkeun anu dilarang.

Sakitu pamendak sim kuring, mudah2an upami leres aya
mangpaatna, margi pasti dongkapna ti Alloh SWT, upami
salah mangga piceun da datangna ti kuring jalma biasa
nu loba kakurangannana.

Baktos
Jaka

--- oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Baraya,
>  Aya iber ti Kang Nanang, wartawan tabloid "Galura",
> yen dina poe Saptu, 28 
> Mei 2004 masyarakat wewengkon Gambung, Kacamatan
> Ciwidey, Kab. Bandung arek 
> ngayakeun upacara taunan "Ngaruwat Huluwotan". Lamun
> seug aya ti dulur-dulur 
> anu bisa ngaluuhan eta acara bari terus ngaabadikeun
> (motoan, komo nyieun 
> video-na mah leuwih alus) keur dokumentasi. Hanjakal
> si kuring poe eta teh 
> geus jangji ngaluuhan acara wisuda di Itenas anu
> orasi ilmiahna dina eta 
> acara bade didugikeun ku Abah Surya ngeunaan tafsir
> anyar legenda Dayang 
> Sumbi jeung Sangkuriang (tafsir nyoko kana "medan
> makna" tea). 
>  


                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Small Business - Try our new Resources site
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Does he tell you he loves you when he's hitting you?
Abuse. Narrated by Halle Berry.
http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke