Assalaamu'alaikum wr. wb.
 
Haturan Kang Jaka sareng Kang Rahmat,
 
Langkung ti payun ngahaturkeun nuhun kana koreksina. Atuh ari anggota na campuran mah langkung hebat, cenah aya anu ti Cimahi,  ti Subang sareng ti Majalengka, eta panginten cirina urang sunda teh tiasa kompak, sok sanaos benten-benten lembur oge naging tiasa ngagabung, salut lah.
 
Ka Bu Tati (rayina atanapi alona Pa Yogie S Memet anjeuna teh?) oge hapunten pisan, da pribados teu acan terang, manawi teh pameget bupati na teh, teras we rojong Bu!
Sakantenan we atuh rojong ku Bapa Gubernur Jabar sakantenan nya!
 
Sakali deui hatur nuhun.
 
Salam,
Hendi R.


joko tingkir <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Wa'alaikum salam wr. wb.
Satujulah + Kang Hendi, hayu urang rojong SOS.
Mung ieu aya koreksi sakedik kang, personil SOS,
campuran, ti MAJALENGKA saurang (mun teu salah si OGI,
cenah mah Orang Ganteng Intelek atawa Orang Gila
Item), ti Cimahi Bandung saurang (si gondrong SULE
tea) + nu saurang deui ti Subang (Sumardi nu mirip
Kang Ibing).
Teras bupati Majalengka upami teu lepat mah mah masih
istri kang, nyaeta Bu Tati (alona Pa Yogi SM),
kaleresan anjeunna teh rencang sakola pun bojo. kitu
manawi.

Wassalam
Jaka

--- Hendi Rohendi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Assalaamu'alaikum wr. wb.

> Haturan ka sadayana US

>
> Ayeuna teh aya dulur urang anu keur berjoang dina
> widang seni ngabojeg/bobodoran (lawak), anu
> diayakeun ku Stasion tv swasta nyaeta TPI. dina
> acarana API (Audisi Pelawak TPI), disiarkeun
> langsung tiap poe Minggu ti jam 19.00 wib tepi ka
> rengse. Anu ngaranna eta grup pelawak teh nyaeta
> S.O.S (lain singgetan tina Save Our Soul ieu mah) ti
> Majalengka (mun teu salah mah), malahan ayeuna teh
> geus nepi ka babak gren pinal, ngarebutkeun juara 1,
> 2 jeung 3 lumayan tah hadiahna oge, juara ka hiji
> teh 125 juta, 100 juta, jeung 75 juta.

> Tah kukituna, urang dukung ku kabeh urang sunda anu
> aya di sakuliah dunya, sugan jeung sugan bisa hasil
> sarta bisa ngarojong kana ningkatkeun citra urang
> sunda, peupeuriheun atuh urang sunda teh teu aya anu
> jadi luluhung nagara, jadi pelawak-pelawak atuh,
> sakurang-kurangna mah atuh itung-itung ngaganti grup
> de Bodor sareng D' Kabayan.

> Kumaha atuh carana? (kanu can apal), ah gampang
> pisan, kirim we via sms (kitu oge kanu baroga HP
> kanu can boga ulah maksakeun nginjeum ka tatangga,
> bisi jadi omong) ketik : API <spasi> SOS, keur grup
> pavorit, ketik : PAP <spasi> SULE, keur pamaen
> pavorit. Kirimkeun we ka 6288 samemeh acarana
> (rengse) kira-kira jam 07.30 wib, Rp. 2000,-/sms.
> Mirah pan, etang-etang jajan cendol bahe we lah,
> he.. he.. heh..

> Cag ah, wilujeng ngadukung bae, mudah-mudahan
> berhasil. Salam baktos ka Bp Bupati Majalengka anu
> parantos kersa ngadukung langsung ka Jakarta,
> haturan ka sadayana urang Majalengka.
> Bral,...baraya.

> Salam,
> Hendi R./Soreang



>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam
> protection around
> http://mail.yahoo.com


           
__________________________________
Discover Yahoo!
Get on-the-go sports scores, stock quotes, news and more. Check it out!
http://discover.yahoo.com/mobile.html


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke