|
Baraya,
Neraskeun posting
samemehna ((1) Warta Anyar KONGRES BASA SUNDA 2005 (3: Rarangkay Makalah
ti Kusnet/Kisunda)), mangga kasanggakeun dihandap ieu 5 pilihan (atawa bade
sadayana) judul/jejer makalah-makalah garapan babarengan anggota
milis Kusnet/Kisunda pikeun KBS VIII Taun 2005. Dina lebet kurung, nami,
sakumaha posting jejer ieu samemehna, nyaeta sugri para wargi anu dipiharep
salaku pihak utama anu maparinan bahan pikeun ngarengsekeun
makalah. Dina lebet kurung nu sanesna: ugeran eusining bab per bab
(ruang lingkup). Kasaluyuan sanesna nyoko kana posting samemehna dina
jejer ieu.
Judul-judul/jejer-jejer
anu dimaksud kalawan outline jeung ugeran (ruang lingkup guaran)
sawatara teh kieu :
1. MEDIA INTERNET: KASEMPETAN JEUNG TANGTANGAN PIKEUN MULASARA
JEUNG MEKARKEUN BASA SUNDA
(pilihan
judul sejenna):
1. MATEAKEUN BASA SUNDA PIKEUN NGIGELAN JEUNG NGIGELKEUN KAMAJUAN
TEKNOLOGI MEDIA INFORMASI INTERNET
Sari: (Abah
Surya, manAR, MH, MJ, Ua Sas, Kang Ganjar, nu sanesna...)
Kecap
konci:
1.
Panganteur
(Sawangan Kamajuan IT jeung Masyarakat Pikahareupeun) (manAR, MH, Abah Surya, nu sanesna...)
(............................................................)
2.
Pancen IT dina Mulasara jeung Mekarkeun Basa (idem)
(.............................................................)
3.
Tangtangan jeung Kasempetan jero Internet pikeun Mulasara
jeung Mekarkeun Basa Sunda (manAR, MH, MJ, Ua Sas, Kang Ganjar, nu sanesna....)
(............................................................)
4.
Garapan Widang Basa Sunda jeung Basa Sunda pikeun
Paistilahan dina Internet : Hiji Usulan Mulasaran jeung Mekarkeun Basa Sunda (Kang Kandar, manAR, MJ, Ua Sas, MH, nu
sanesna...)
(.........................................................)
5. Panutup
(kacindekan jeung usulan)
2. MIKAWANOH PANCEN MEDIA INTERNET PIKEUN MULASARA JEUNG MEKARKEUN BASA SUNDA:
KASUS MAILING LIST JEUNG WEBSITE KASUNDAAN
URANGSUNDA JEUNG KISUNDA
Sari :
(manAR, mh, MJ, Ua Sas)
Kecap konci
: (idem)
1.
Mikawanoh Media Informasi Teknologi Internet (MH, manAR, Kang Adnan, Kang Eko)
(netelakeun internet salaku media pikeun neangan jeung nyebarkeun
informasi, unggulna internet salaku media informasi, sababaraha fasilitas
dina internet anu pakait jeung pigunaan basa)
2.
Mailinglist (Milist) jeung Website : Tangtangan pikeun
Mateakeun Basa Sunda di Internet (Kang Adnan, Kang Eko, MH)
(nyaritakeun naon anu disebut milist? Naon anu disebut website?
Kumaha potensi milist jeung website pikeun mateakeun basa? Naon tangtangan
umum tina milist jeung website pikeun mateakeun/mulasara jeung mekarkeun basa
Sunda?, jst)
3.
Milis jeung Website Kasundaan: "Kisunda" jeung "Urangsunda" (MJ, Ua Sas, Kang Adnan, Kang Eko, Bah
Wily)
(sajarah, alamat, dapur, anu bogana, kuncen/moderator,
narasumber cara asup, jumlah jeung profil anggota, jumlah posting, jst)
4.
Nyirian Sababaraha Pancen "Kisunda" jeung "Urang Sunda" pikeun
Mulasara jeung Mekarkeun Basa Sunda (idem)
(gambaran garapan-garapan jero milist jeung website urangsunda
jeung kisunda anu pakait jeung
mulasara jeung mekarkeun BS: gambaran website, digitalisasi buku BS
baheula/PS/Kasepuhan; Wikipedia, TQBS, jst)
5. Panutup
(kacindekan jeung usulan)
3. KINGKILABAN WACANA BASA JEUNG SASTRA SUNDA
ANU KATOONG TINA PADUNGDENGAN DINA MAILING LIST-WEBSITE URANGSUNDA JEUNG KISUNDA
Sari: (Kang Kandar, MH, MJ, Ua Sas, nu
sanesna..............)
Kecap konci : (idem.......................................)
1.
Panganteur: Milist
-Website Urang Sunda jeung Kisunda (MJ, Ua Sas, Kang
Kandar, manAR)
(..........................................................................................)
2.
Unak-anik Pigunaan Basa Sunda dina Milist jeung Website
Kasundaan: Sababarah Conto (neng Mpup, Kang
Kandar, nu sanesna....)
(.........................................................................................)
3.
Kingkilaban Wacana Basa jeung Sastra Sunda dina Milist
jeung Website Kasundaan (MJ, Ua Sas, manAR, Kang Kandar, Neng
Mpup, nu sanesna................)
(........................................................................................)
4.
Wacana Basa Sunda anu Pangmindengna Dipadungdengkeun dina
Milist jeung Website Kasundaan (MJ, Ua Sas, MH,
manAR)
(ngebrehkeun wacana atawa jejer padungdengan
anu pangmindengna kajadian dina milist jeung website: Basa Sunda Loma, Basa
Sunda Wewengkon, kaperluan mekarkeun Basa Sunda, jst)
5.
Panutup
(...................................................................)
4. MIKAWANOH WIKIPEDIA SALAKU ALAT NYUSUN KAMUS BEBAS ( OPENSOURCE) BASA SUNDA NGEUNAAN PANGAWERUH (WIKIPEDIA BASA SUNDA) DINA MEDIA JALA ANTARA (INTERNET
)
Sari : Kang Kandar, Kang Dian, manAR, nu sanesna.....
Kecap konci : (idem)
Baktosna,
manAR
|