Bagea Kang Din,
Tah eta pisan nu dimaksud "peso bedah" ku kuring oge. Kuring boga anggapan (asumsi), yen milisi kusnet jeung sabondoroyotna boga potensi anu leuwih dibanding jeung urang Sunda sejenna. Boh ditilik dina jihad kasang tukang atikan, elmu pangaweruh, pon kitu deui soasial ekonomi. Upama tea mah ieu para milisi boga karep anu "militan" pikeun mateakeun basa Sunda, asana lain pagawean anu pamohalan.
Hiji conto sederhana, upama tiap milisi anu rewuan ieu, daek nulis atawa narjamahkeun bahan pangaweruh populer saluyu jeung widangna masing-masing, asana lolongkrang kakosongan bahan bacaan basa Sunda ieu saeutik-saeutik bisa kaeusian. Pikeun neruskeun hanca digitalisasi kahareup, salah sahiji jurusna salian nu keur dikeureuyeuh, nyaeta jurus narjamahkeun bahan pangaweruh populer kana basa Sunda. Kuring yakin, para milisi kusnet bakal "areling" pikeun ngarojong ieu garapan. Wallahu'alam.
Salam,
MH
Didin Kustandi <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Mun tea mah buku-buku pangaweruh penting ditulis ku basa Sunda, Insya Allah, sok sanaos basa Sunda sanes basa panganteur di kampus-kampus, tapi urang kampus bakal barisa nyarita ku basa Sunda. kitu manawi, nun !
MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:Sakaterang sim kuring mah di UI teu acan aya basa
sunda janten panganteur akademis. Sok sanaos aya
sastra Jawa, sastra jepang, cina, Arab, Belanda,
Rusia, namung upami mahasiswa ngadamel skripsina teh
ngangge basa Indonesia. pon kitu oge skripsi S2 sareng
S3.
baktos,
mrachmatrawyani
--- mh <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> Baraya,
> Cing sugan aya bongbolongan ari basa Sunda naha geus
> jadi basa akademis? Maksud teh jadi bahasa
> panganteur pikeun kuliah, panalungtikan, skipri,
> tesis, desertasi jeung sajabana. Minimal di Jurusan
> Basa Sunda paguron luhur.
=====
Situs: http://free.angeltowns.com/studio579/
[Pupuh17, Wawacan, Roesdi Misnem, Al-Quran, Koropak]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo!
Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
[EMAIL PROTECTED]

