Aya nu salah saeutik, nu toel jweung reuwaseun, lain
Kardun, tangtuna Sule (pan keur ngintip Kardun). Ceuk
sayah mah nu intip teh lain si Kardun tapi si OGI. Pan
maranehanna teh kelompk SOS.
Jaka
--- syam ridwan <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
> NGINTIP
> Hiji mangsa Sule keur nogel we ngintip Kardun jeung
> Saritem bobogohan, keur anteng ngintip taktakna
> ditoel ku hansip Sumardi, atuh jantung Kardun asa
> nek coplok. Untung hansip Sumardi buru-buru ngomong.
> " Ssst....tong reuwas dewek ge nek ngintip euy !"
>
> Nu diintip mah jongjon we uplek ngobrol.
> " Kang teu karaos nya, tos tilu bulan urang hahadean
> teh !" ceuk Saritem bari ngalende kana taktak
> Kardun.
> " Enya akang ge ngarasa reueus, jeung teu nyangka
> geuning neng Saritem teh tipe wanoja satia!" Kardun
> mimiti ngaluarkeun jurus rayuna. Dipuji kitu irung
> Saritem ngadadak rebeh.
> " Puguh samemehna abdi ge rada cangcaya ka akang
> teh, da ceuk panalungtikan, jalma nu bayuhyuh lintuh
> umumna satia sedengkeun jalma nu langkonyang begang
> sok toloheor, geus boga hiji sok ludak lodok keneh
> kanu sejen, buktina geuning akang satia, padahal
> awak akang langkonyang begang !"
> " Hmmm...paingan atuh ari aya nu budayut teh sok
> ngadadak dulak dilak, horeng kitu nya !"
> " Ah....si akang mah sok timburuan!" Panonna
> ngadilak, ramo leungeunna teu karasa luar leor
> kamana mendi, antukna bras kana pesak calana Kardun.
> " Akang ari ieu naon, buleud dina saku calana akang
> ?"
> " Huz...make kudak kodok ka lebah dinya sagala.
> Pamali. Nu buleud eta mah meteran, tah ari nu buleud
> hiji deui, meureun nyi Sari ge apal !"
> " Nya kanggo naon, make nyandak meteran sagala ?"
> " Ih..pan ceuk Ustad Sanusi ge mun bobogohan ulah
> padeukeut teuing, jarakna paling deukeut ge sameter,
> jadi meh pas, samemeh bobogohan kudu dimeteran
> heula"
> " Oh kitu...naha geuning, ayeuna calikna teu sirikna
> antel ka abdi ?"
> " Keun wae atuh pan ustad Sanusi na ge keur euweuh
> ayeuna mah !"
>
> Nu ngintip beuki pogot wae, kawas lalajo layar
> tanceub, beuki peuting teh beuki pogot lantaran mun
> wanci geus nyedek ka peuting sok muter pilem pilem
> anu hot, kitu deui Kardun-Saritem harita mimiti
> nayangkeun adegan syur.
> " Ih siakang mah, ari ludak lodok teh sok make gaya
> iklan sagala !" Saritem kadenge deui ngomong semu
> ngaharewos
> " Nya kumaha kitu ?" tembal Kardun bari kutup ketap,
> siga nu deudeuieun.
> " Heueuh pan ayeuna keur usum iklan nu diulang-ulang
> nepi katilu kalina, akang ge geuning nurutan, ngan
> ari akang mah diulang aya kana sapuluh kalina !"
> " Hehe...ssssttt.. tong tarik teuing bisi aya nu
> ngintip !"
> " Moal aya kang, dina aya na ge paling cakcak bodas
> !"
> " Lain nyi... bejana lamun nyai ngaliwat ka gardu
> hansip, sok dioconan ku hansip Sumardi nya ?"
> " Ih puguh enya kang, malihan ceuk hansip Sumardi
> tong bobogohan jeung si Kardun ceunah!"
> " Sikehed, can ngasaan peureup aing kitu, teu nyaho
> kitu akang teh jeger, naon alesanna make ngomong
> kitu ?"
> " Mun bobogohan jeung kang Kardun saurna sok
> ngabalukarkeun, kangker, serangan jantung,
> impotensi, gangguan kehamilan jeung janin, tah kitu
> kang !"
> " Sikehed, silebokeun tetelo, mun aya didideu ku
> akang dihajar, tuman !"
> " Hampura Dun euy, hampuraaaa.....daek meduuuu..lain
> ceuk dewek...!"hansip Sumardi ngagorowok bari
> ngajleng ti panyumputanana. (SR)
>
>
__________________________________
Do you Yahoo!?
Yahoo! Small Business - Try our new Resources site
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/
------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~-->
Dying to be thin?
Anorexia. Narrated by Julianne Moore .
http://us.click.yahoo.com/FLQ_sC/gsnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~->
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[EMAIL PROTECTED]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/