Basa kamari mulih ka lembur, kuring dipiwarang si Ema
meuli endog ka pasar Cikijing. Pas pisan hareupeun
pasar Cikijing, katingal aya kios endog. Di jero kios
teh aya saurang bapa anu sigana keur nungguan kios,
seug bae ku kuring ditaros,   
"Ari endog sabaraha sakilo, Mang?"
Nu dagang : "Endog hayam atawa endog meri, Jang?"
Kuring :"Endog hayam"
Nu dagang :"Hayam kampung atawa hayam negri"
Kuring : "Hayam negri bae.."
Nu dagang :"Hayam negrina anu lokal atawa nu impor?"
Kuring : "Ah..nu lokal bae" 
Nu dagang : "Anu lokalna, hoyong anu ti Ciamis atawa
ti Tasik?"
Kuring : "Menggeus atuh anu ti Ciamis bae�" kuring
ngajawab satakerna bari semu ambek
Nu dagang : "Ciamis-na palay anu ti Kawali, Panjalu
atawa Panawangan, Jang?"
Bakating ku keuheul, kuring balik nanya bari nyentak :
"Naa.. ari si Emang teh kumaha sih, ieu
teh rek dagang endog atawa ngajak jalan-jalan? Ari
kitu naon bedana endog anu ti Kawali, Panjalu jeung
Panawangan?"
Nu dagang : "Ari endogna mah sarua kabeh, Jang. Ngan
nyaeta, abdi mah sanes tukang endog. Abdi tukang
indomie anu digigireun kios ieu. Anumawi teh, tukang
endogna nuju ka cai sakedap. Abdi mung dipiwarang
anjeuna ngobrol ka anu bade meser endog dugi ka
anjeuna balik ti cai".
"Beu,� Bedul teh,�" gerentes kuring bari ngaleos
ninggalkeun kios endog. 
========================

*meunang nyaritakeun deui teuing timana...poho

baktos akos

__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 


------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
In low income neighborhoods, 84% do not own computers.
At Network for Good, help bridge the Digital Divide!
http://us.click.yahoo.com/HO7EnA/3MnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke