Haturnuhun pisan kanggo ka akang (bapa) Sidik anu parantos ngalereskeun. Karaos pisan manfaatna lebet ka ieu forum, salian ngaraos asa dilembur, oge nambihan baraya anu kersa ngalereskeun ka simkuring.
 
Kang Dani, punteun simkuring rada kurung batok, ari Agus nuju sakola SMA dimananya ? saemut abdi, teu gaduh rerencangan nu namina disebat ku akang tea.
 
Wasalam,
 
Yayat 


From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of Siddik Wiradireja
Sent: Tuesday, May 31, 2005 8:32 AM
To: [email protected]
Subject: Re: [Urang Sunda] Nepangkeun

Waalaikum salam wr. wb...
Wilujeng sumping di milis urang sunda......
punten aya anu dilereskeunnya (anu dibeureuman)......
mangga sing betah kalayan tumaninah...
 
ssw
kuncen # 6

"Yayat, Supriyatna (Jakarta)" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu'alaikum Wr. Wb.,
Sampurasun dulur, Punten abdi bade nepangkeun sareng ngiringan ngarewong di ieu milis. Pribados teh dipasihan jenengan (nami) ku pun Rama (Bapa) nya eta Yayat Supriatna (supados katingali urang sunda, cenah mah), ari kawitmah asli ti Sumedang (ngan punten wae dina ieu silaturahmi pribados teu nyandak tahu). Kapungkur dina tahun 1991 ngawitan angkat (mios) ka puser dayeuh Bandung kanggo ngalap elmu, kaleresan simkuring ditampi di ITB. Dupi ayeuna nuju ngajajal kasakten di BP Indonesia bagian Subsurface (baca: sabserpeis).
Mudah-mudahan tina ieu milis simkuring tiasa nambah baraya sareng nambah pangaweruh khususna ngeunaan ki Sundan.
Wassalam,
Yayat Supriatna
Nu Reueus Jadi URSUN (Urang Sunda)


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id




Yahoo! Groups Links

Kirim email ke