He he kang Yani hatur nuhun  tos merhatoskeun heureuyna simkuring.
Saleresna kieu, simkuring gaduh pamadegan yen sakumaha lucuna
eta humor bin banyol, ari tos tarerangeun mah moal matak nyakakak.
Komo didunya maya mah, postingan nu bau-bau humor pasuliwer pisan.
Kukituna, najan bahanna teu tebih anu disebatkeun tadi, supados
niley lucuna teu cawerang tur mencedel, nya sok dibumbuan sit-kon
anu nuju trend.

Ari bade kutrat kotret di US teh sok inget ka cariosan MJ basa paamprok di
bdg,
cenah karek ningal judulna sok hayang seuri, komo deui eusina, jadi mun
mosting
teu dibumbuan ku heureuy teh asa kirang afdol. Padahal daek didengkek
teras-terasan ku Dian Sastro, ari bungkeuleukanana mah teu tiasa heureuy.

Enya asa tos bosen heureuy didieu teh, cobi we ti 2001 dugi ka kiwari,
heureuy jeung heureuy we, tapi nya kitu atuh ari teu kutrat kotret teh
sok kokorobet kanu sejen. Hayang seuri basa aya nu forward heureuy
anu judulna "bajay" di US, samarukna sanes ti US sumber mimitina,
padahal heureuy eta tos diposting sataun kalangkung. Ah nyenghel we
nu aya.

Hatur nuhun
SR

.
----- Original Message -----
From: "MRachmat Rawyani" <[EMAIL PROTECTED]>
To: <[email protected]>
Sent: Tuesday, May 31, 2005 11:53 AM
Subject: [Urang Sunda] Orsinalitas SR


> Tapi aya hiji hal anu anu hese ditiron dina soal
> banyol, nyaeta orisinalitas. Kang SR salah sahiji
> contona. Materi banyolan tiasa wae kajadian
> sadidinten, tapi dibungkus ku ide anu orsinil, janten
> beda karasana.
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani



------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
Does he tell you he loves you when he's hitting you?
Abuse. Narrated by Halle Berry.
http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 



Kirim email ke