**************************
Assalamu'alaikum wr. wb.

Kalayan nyebat Asma-na Alloh!

.... tadi sabada nek niat kutak ketik teh si kuring
ngalamun saheulaanan mah. Gunem jeung diri sorangan!,
kieu cenahna teh :

Ki Adi :
Kutan! PS nu dikirim Kang Ganjar teh geus beres
di"scan" na?

Si Kuring :
Leres!, sarewu kaca teh parantos direngsekeun, nun!
malihan mah pami teu lepat ngahartoskeun SMS ti Mang
Je (haturan MJ), si kopian PS nu dikintunkeun salira
teh parantos katampi kalayan bingah, saur Anjeunna oge
eta PS teh seja di kintunkeun deui ka Uwa Sasmita
(haturan 'wa Sas)

Ki Adi :
Aeh.. ateuh!, mun kitumah hartina, si PS teh sigana
mun urang aya kadaek bisa dihancaan babarengan? 

Si Kuring :
Sumuhun, nun! saurna mah, nyoko kana wawar ti babakan,
baraya babakan teh dugi ka danget ieu parantos aya
kana mangrewuna.

Ki Adi :
Alus ateuh ari kitu mah deuleu?

Si Kuring :
Sayaktosna kitu nun! Saurna oge, baraya babakan teh
mibanda kareueus dina bagbagan mulasarakeun kasundaan
tur ki sunda, malihan mah nun..., baraya babakan teh
seueur pisan nu kajamparing ku katresna kana
purwadaksina sumawonna ajen inajen karuhun urang.
Hapunten nun! eta mah mung sasauran, lepatna mah di
kami. 

Ki Adi :
Edun atuh!, ari kitu mah, Sunda teh bisa nanjung  deui
atuh, nya?... tapi, ke.. ke.. ke... keheulaanan!...
nahanya ari gawean siga �wikipedia�, �web kusnet� kitu
deui "digitalisasi" siga Roesdi Misnem, TQBS jeung PS
teh siga teu usik teu malik alias siga "stater haben
nagen" tea!, nahanya deuleu?

Si Kuring :
Leres, nun! kitu oge nu katingal ku kami.

Ki Adi :
Naha nya, bisa kitu?

Si Kuring :
Hapunten, nun! satemenna dupi nu karaos ku Salira
kumaha dina mancen tugas  �digitalisasi� Pustaka
Sunda?

Ki Adi :
He..he..he... enya euy! asa beurat euy!, sigana mah
loba teuing nu kudu digawean teh. Eta basa Roesdi
Misnem ge, asana teh lila digaweanna. Nya eta�. sigana
mah asa boga kawajiban nu kudu tereh dibereskeuneun,
asa diudag-udag kahayang� he..he�he�. 

Si Kuring :
Hapunten, nun! Panginten eta, nun nu ngawagel teh!�..
mamanawian ieu mah nun, pami katampi. Kumaha upami
dina nga�digitalisasi�keun Pusaka Sunda teh, boh dina
�wikipedia�-na, �web kusnet�-na sumawona �studio
579�-na sajalmi teh dipeto ngokolakeun sakaca bae.
Maksadna mah kieu, nun .... upami bae tina mangrewuna
baraya babakan teh ditawisan kanggo ngarengsekeun
hancaan boh eta TQBS, PS atanapi nu lianna ku jalan
sakaca sajalmi.

Ki Adi :
Ke..ke...ke... jadi maksud silaing teh hiji lembar
hiji baraya?

Si Kuring :
Yaktos, nun!

Ki Adi :
Sok.. terus, kumaha?

Si Kuring :
Muhun, kapan nembe teh salira ngaraos abot ningan
waktos ngokolakeun hancan Roesdi Misnem nu sababara
kaca?

Ki Adi :
Sabenerna mah teu beurat deuleu!, tapi eta geuningan
.... ari  geus beres salambar teh sok  neuleu kanu
lambar nu masih nyesa, jadi sok males!, jadi bae sok
loba diengke-engke gawean nu sesa teh � komo mun keur
di tempat pangulinan teh loba pigaweeun, geus we
lebeng mun teu diingetan ku poe pere mah.

Si Kuring :
Yaktos, nun! Panginten eta nu janten mamala teh.
panginten kedah dikokolakeunna numut kana sasauran Si
Kabayan tea mah �Sersan� sami sareng Sarius tapi
Santai�� maksadna mah, daria dina ngaropeana nanging
rineh dina waktosna, janten teu diudag teu dijugjug,
kitu nun!

Ki Adi :
Ah� Silaing mah, nyanyahoanan wae!

Si Kuring :
Hapunten, nun! Dumasar kami mah sok nitenan, dina
satiap dintenna baraya babakan nu ngulampreng ka
babakan sumawonna ka warung mah, ningan meni remen
pisan. 
Mun dietang-etang mah ti dua dugi ka tilu jam-nakeun
teh tiasa ningan ngawarung bandung. Maksadna mah,
panginten dina waktos nu dua ka tilu jam dina
sadintena eta, panginten rengrengan baraya babakan teh
tiasa nyayogikeun waktos antawis sapuluh dugi ka lima
welas menit kanggo ngahancaan satengah, saparapat
atanapi saperdalapanna dina ngahanca pancen
�digitalisasi� nu sa-kaca tea, janten pami
dietang-etang mah saminggon teh tiasa panginten rengse
sakaca mah.

Ki Adi :
Terus!

Si Kuring :
Muhun�. Panginten ku ajenna �Sersan� tea, hancaan
�digitalisasi� nu kecet teh tiasa harus karungu.

Ki Adi :
Heueuh!, alus eta pamikiran teh deuleu, tapi kapan
baraya ge hayang di aku meureunan mun manehna teh geus
milu andil dina hancaan �digitalisasi� Pustaka Sunda,
kumaha tah engke nganyahokeunna?, kapan jelema teh
hayang dihargaan deuleu?

Si Kuring :
Hapunteh, nun! Panginten ieu mah perkawis tehnis,
langkung saena mah pupuhu nu kapeto ieu hancaan
�digitalisasi� Pustaka Sunda nu tiasa ngawalerna.
Upami pamadegan kami mah panginten tiasa bae dina kaca
nu parantos di ropea ku baraya teh, supados saragem
nya di cutat bae wasta inyana, atanapi dina eta salah
sawios �digitalisasi� Pustaka Sunda nu parantos rengse
teh dicutatkeun wasta rengrengan baraya nu parantos
ngaropea eta eusining Pustaka, nanging upami teu lepat
dina �wikipedia� mah parantos jentre padomanana.

Ki Adi :
Ehm� kitu, nya!�. ke ateuh urang obrolkeun jeung
baraya saheulaanan mah.

Si Kuring :
Yaktos!

Ki Adi :
Aya benerna oge, didinya ngomong kitu teh!, nu kareret
ku uing ge asana teh, eta jeung eta bae nu ngaropea
�digitalisasi� Pustaka Sunda teh, padahal mah asana
teh loba baraya anyar unggal poe na, lebarnya.....
sakitu rea SDM na tapi asa kapopohokeun keur
ngokolakeunana.  Ari silaing naon deui nu keur
dipigawean deui teh?

Si Kuring :
Hapunten, nun! Hancaan mah aya bae, nanging kami mah
teu wantun kanggo nyarioskeunna. 

Ki Adi :
Nya geus, ateuh! Cik geura hanca deui kaituh, uing nek
ka babakan heula!

Si Kuring : 
Sumangga, nun!

Tah� kitu baraya, panglamunan teh, eta mah ceuk
lalamuan bae, tong pati dipalire, mending oge ngalamun
deui, haratis ieu lin? Ah�. duka teh teuing!
Heuheuheuheu.... 

Haturan pupujieun pikeun Alloh.

Hanca,

-pun adi-
*******************



                
__________________________________ 
Do you Yahoo!? 
Yahoo! Small Business - Try our new Resources site
http://smallbusiness.yahoo.com/resources/





------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> 
What would our lives be like without music, dance, and theater?
Donate or volunteer in the arts today at Network for Good!
http://us.click.yahoo.com/MCfFmA/SOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM
--------------------------------------------------------------------~-> 

Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
 
Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [EMAIL PROTECTED]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/
 


Kirim email ke