Ngiringan akh perkara manuk Tuweuw. Manuk Tuweuw kaasup manuk nu aktivitasna ti peuting, ari ti beurang mah sare. Salain ti Bueuk, bebence, sora manuk Tuweuw ti peuting lumayan matak pikakeueungeun. Keur jaman DI/TII, pun Aki, nu kaleresan jadi lurah di lembur, aya nu ngabejaan, lamun aya sora manuk tuweuw, kudu ati-ati sabab sora manuk Tuweuw teh "sandi" nu dianggo ku gorombolan (DI) bisi keur ngaliwat ka lembur kuring.
Ku pun Aki, urang lembur dicarek ngaganggu gorombolan anu ngaliwat, sabab engkena ngabahayakeun kasalametan warga sadesa. Antep we, ari ukur ngaliwat mah. Alhamdullilah lembur kuring henteu kantos dijorag ku gorombolan, padahal desa tatangga mah ngalaman dijorag. Desa CIbeureum Cimalaka kantos diduruk bebeakan, kulantaran lurahna jeung OKD ( hansip lamun ayeuna mah), wawanian nembak DI nu ngaliwat, bari jeung teu beunang, padahal gorombolanana geus gogorowokan Jangan tembak-tembak. Di Cibuntu Cimalaka ( kota kacamatan), Mang Imang, salah saurang OKD, maot ....dipeuncit. Lurah Ciuyah kiduleun lembur, oge sami dipeuncit. Kitu deui desa-desa di Kacamatan Cimalaka ngalamanan dijorag, iwal ti desa lembur kuring. Eh jadi kamana wae, balik deui ka soal manuk Tuweuw, ayeuna di lembur kuring geus teu aya sora manuk Tuweuw, sanes wae kulantaran gorombolan parantos henteu aya, tapi oge ku lebetna listrik ka lembur (taun 1972), lembur jadi rame, leuweung jeung kebon geus rarobah jadi pilemburan, manuk Tuweuw ngalaleungit, duka kamarana ......... WALUYA --- In [email protected], oman abdurahman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Ari Tuweuw teh eta sajenis manuk. Eta manuk disadana estuning dina waktu anu > keur meujeuhna tiisieun, malah sok dihubungkeun jeung ayana kajadian > kapapatenan. Harti "gorek-gorek" anu asalna si kuring oge heunteu apal, tapi ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> What would our lives be like without music, dance, and theater? Donate or volunteer in the arts today at Network for Good! http://us.click.yahoo.com/MCfFmA/SOnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

