Kanggo kamus & tesaurus, mangga buka su.wiktionary.org Nu ieu mah can kagarap pisan, kakara "ngabukbak" buruanana wungkul. Sok atuh, Kang Durahman, geura cobian... Wiktionary eta ngawengku sadaya basa, hartina, dina Wiktionary Sunda, entri2 nu diasupkeun teh lain ukur kecap2 tina basa Sunda, tapi oge tina basa deungeun (jawa, prancis, jerman, inggris, jsb), tapi dadaranana dina basa sunda. Sok geura, mangga cobian...
Conto: Urang rek ngasupkeun kecap "madang" kana wiktionary, ketik bae dina kolom URL-na http://su.wiktionary.org/wiki/Madang Teras, dina kolon eusieunana, judulan ku "basa Sunda" (sabab nu rek didadarkeun teh kecap nu ti basa Sunda. Handapeunana, sok ketikkeun dadaranana. Kanggo conto mah mangga bae tingalian kecap2 nu tos aya, leuwih lengkepna mah tingal bae nu basa Inggris, pikeun conto pola eusina. Mun urang manggihan kecap madang tina basa deungeun, sok oge asupkeun make judul basa deungeunna, tapi dadaranana tetep kudu basa Sunda. ==Basa Sunda== * Istilah nu digunakeun keur ngasupkeun kahakanan ka sungut. Biasana kejo jeung deungeuna--sayur, sambel, pepes emas. sarua jeung [[tuang]], [[dahar]], [[emam]]. ==Basa Inggris== * ........ On 6/2/05, durachman <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > Janten emut. Ari di milist ieuteh pernah aya proyek nyieun kamus basa > sunda digital henteu,nya? Mun tos aya dimana? Wiki pedia sigana teu > beda jauh jeung kamus nya--bari ngalirik ka kang Kumincir. > Da..wikipedia pan formatna siga kieu lain, misalna; ------------------------ Yahoo! Groups Sponsor --------------------~--> Does he tell you he loves you when he's hitting you? Abuse. Narrated by Halle Berry. http://us.click.yahoo.com/aFQ_rC/isnJAA/E2hLAA/0EHolB/TM --------------------------------------------------------------------~-> Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/urangsunda/ <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [EMAIL PROTECTED] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/

